Minggu, Mei 31, 2009

Kacang Hejo

Kacaritakeun hiji poe Aki Japra boga niat rek babalik pikir jeung menta hampura ka pamajikan na Nini Oneh. Dongeng na kulantarana salila hirup Ki Japra teh sering pisan salingkuh...

Japra :"Oneh kadieu geura..."
Oneh :"Aya naon Aki teh tara tisasari meni waraas kieu?"
Japra :"Nya urang teh geus kolot, bisi pondok umur, aing teh rek menta hampura..."
Oneh :"Hampura naon, na naon kasalahan Aki?...da rarasaan mah euweuh nanaon..."
Japra :"Lain..., aing teh rek ngaku jeung rek tobat, moal deui deui salingkuh...."

Ni Oneh reuwas...jeung ambek...."terus kumaha Ki?..."

Japra :"Enya aing teh unggal salingkuh sok dicirian...."
Oneh :"Dicirian ku naon ? na...geus sabaraha kali aki salingkuh teh...?"
Japra :"Eta aki teh mun sakali salingkuh sok nyoret dina tukangeun lomari...."

Kabawa ku panasaran jeung ambek...Ni Oneh terus ningali coretan si Aki

Oneh :"Oh...kitu kalakuan teh ? ieu aya 9 coretan...jadi aki teh geus 9 kali salingkuh?"
Japra :"enya hampura aing ...ayeuna mah rek bener2 hirup jeung maneh teh...moal deui deui..nyieun pidosaeun ka pamajikan."

Kacaritakeun da geus kolot, Ni Oneh jd leuleuy jeung narima hampura ti si Aki..., tp teu lila ti dinya ayeuna Ni Oneh....nu ngomong ka si Aki....

Oneh :"Japra....heueuh nya...urang teh sarua boga salah...tah ayeuna ge Nini rek menta hampura ka maneh..."
Japra :"Naha make menta hampura dan salila hirup teh....maneh mah tara salah...."
Oneh :"Sabenerna Nini ge sarua jeung aki...sabot sering ditinggalkeun....Oneh ge sok salingkuh..."
Japra :"Heuh...salingkuh...???" bari panas hate jeung reuwas.....
"Sering...maneh teh salingkuh na...?"
Oneh ;"Sarua jeung aki unggal salingkuh sok di tandaan..."
Japra :"Naon tandana...?"
Oneh :"Eta unggal salingkuh, Oneh sok neundeun kacang hejo...."
Japra :"Na dimana disimpeuna...?"
Oneh :"Tuh dina palasitik dijero lomari...."

Bari jeung ngadaregdeg si aki teu percaya pamajikan na ge sok salingkuh, bari jeung mikir....pasti lobaan uing salingkuhna...teu lila si aki mawa palastik ...barang ditingali aya 4 siki kacang hejo....(bari agul pikir si aki ngan 4 kali....loba keneh dewek atuh...).
Tapi ditingali deui..."naha aya duit 20 rebu na jero palstik ieu?...bari panasaran si aki nanya

Japra :"Ari ieu duit naon?
Oneh :"Eta teh duit bati ngajual kacang hejo....minggu kamari dijual..sakilona 5 rebu..."
Teu lila ti dinya...si aki pingsan.....

Zengkol

Di pasar malem,di emperan jalan,aya nini2 mamake samping cingogo dagang jengkol dina nyiru......
A : "eta naon Ni....?"
B : "Zengkol Den...!"
A: "Naha hideung Ni....?"
B: "Toz kolot atuh Den...raoz geura...!"
A: "Beulah jeung bau deuih.....!"
B: "Eh nu zae mah nu tos bekeh kieu Den,da bau mah zadayana oge bau...!"
A: "jabrig deuih...geuleuh...!"
B: "...???!!!!...Eh ziah dazar purunyuz ziah,no'ong aing ziah....mangkaning dewek teu make calana jero ziah....!!!!!!!!!"
A: (beretek lumpat.)

kabayan 4

Hiji mangsa,Kabayan liwat ka sawah Ki Sasmita. Kasampak Ki Sasmita keur dahar duaan jeung pamajikanana.

"Kabayan,nyimpang heula atuh.Ieu dahar saaya-aya..."ceuk Ki Sasmita.Tidituna mah tawar gatra.

Dasar Kabayan, teu gableug kinteun2, ditawar gatra kitu koleseh kalah nyampeurkeun. Dengan wajah tanpa dosa, manehna langsung nyandak piring,ngalaan sangu, geup kana gepuk, geup lalapna coel sambeul cikurna.
Ki sasmita naggur olohok mata simeuteun.
"Ah,kabeneran euy kuring can dahar ti imah Ki sasmita,"bari am ngahuapkeun sangu jeung deungeunana. Limed pisan daharna teh bangun nu nikmat.

"Ki Sasmita,ieu teh beas naon sih,mani ku ngenah2 teuing?"tanya Kabayan bari ngalimed.

Ditanya kitu boro marahmay atuh,nu aya beunget Ki sasmita baketut. sabari camberut manehna ngawalon seolah-olah tanpa dosa oge:

"Ieuuuuu beas "DITAWARAN SAKALI DAEK..."ceuk Ki sasmita mesem sabari api-api nyandandak lalap keresmen.

Sabari jongjon ngalimed,Kabayan ge teu eleh gos.Manehna ngajawab:

"Ohhhhhhh....Sugan teh beas NAHA MAKE NAWARAN,"

Nuhun ah...

jinn

Kacaritakeun di hiji kampung aya tiluan pamuda nu kaasup bengal pisan.
Nu kahiji beuki pisan kanu mabok, nu kadua resep pisan ngaheureuyan awewe, nu katilu tukang ngaroko beurat.

Hiji mangsa tiluanana jalan jalan ka leuweung da euweuh gawe di kampungna. Di tengah jalan maranehna manggih lampu jin nu jiga di pelm Aladin. Atuh meni barungah pisan eta barudak teh, tuluy ku pamuda nu ka hiji
di usapan eta lampu teh. Enya we langsung kaluar jin nu gede tur hideung kacida.

"HA..HA..HA.. hatur nuhun tuan, tos ngabebaskeun kaula" ceuk jin bari setengah ngapung.

"Balesanna sok ku kaula bakal dicumponan tilu pamenta ti araranjeun." jin mere bonus tah ka tilu pamuda eta.

"Wah ngeunah yeuh bakal dicumponan sagala pamenta urang" ceuk pamuda kahiji.

"Bener oge, urang bakal meunang nu di pikahayang yeuh." ceuk pamuda kadua.

"Heueuh bener, sok atuh maneh heula" ceuk mapuda katilu ka pamuda kahiji.

Sabab beuki pisan kanu mabok, tuluy pamuda ka hiji menta ka jin.
"Hey jin aing mah menta dibere sagala macem minuman keras nu pang hadena saalam dunya, tuluy kurung urang di jero guha sataun meh euwuh nu ngaganggu"

"Mangga!" ceuk jin bari ngibaskeun leungeunna, tuluy jol ngaleungit eta si pamuda kahiji dikurung di guha jeung sagalarupa minuman nu pangalusna.

Ayeuna pamuda kadua boga pamenta.
"Hey jin urang menta sarebu awewe nu panggeulisna saalam dunya, tuluy kurung urang di jero guha sataun, meh euwueh nu ngaganggu."

"Mangga!" ceuk jin teh, jiga nu tadi weh, langsung si pamuda kadua leungit dikurung di jero guha jeung sarebu awewe nu gareulis.

"Aahh.. aing ge embung eleh jin, aing menta sarebu macem roko nu pangalusna, tuluy...sarua aingge dikurung sataun di jero guha.

Teu lila ngalengit oge eta si pamuda nu katilu dikurung di guha jeung sarebu macem roko nu pang hadena.

Geus sataun kalewat eta guha dibuka deui ku jin teh.

Pamuda nu kahiji kaluar bari ngagaleong leumpangna da gawena unggal poe ngan ukur mabok, tuluy ngagubrag nambru teu kuateun nangtung. Teu kungsi lila maot da liverna ancur ku alkohol. Si jin seuri.

Pamuda nu kadua kaluar leuleus rada egang leumpangna da gawena unggal poe ngan ukur "taeun" jeung sarebu awewe. Teu kungsi lila maot d keuna panyakit HIV-AIDS. Si jin seuri deui.

Pamuda nu katilu kaluar jagjag waringkas, si jin heran. Teu kungsi lila tuluy lumpat nyampeurkeun si jin tuluy neunggeul sateker kebek. Atuh tambah heran si jin teh, tuluy nanya.

"Naha maneh beut neunggeul dewek???"

"Jin goblok!!!" ceuk pamuda katilu bari nyentak.

"ARI KOREK API NA MANAAAAA????"

Carita cepot dawala

Hiji mangsa carita, cepot, dawala, jeung si ijem keur neangan suluh di leuweung..... kusabab sicepot ges teu boga persediaan suluh di imahna....

pondok carita ieu tilu manusa teh geus beres ngagembol suluh rek balik......tapi geus sababara lila tilu manusa ieu teh saperti aya nu ngalinglungkeun......

cepot : " jir naha ieu teh asa tempat nu tadi.....urang geus tilu
balikan..."
ijem : " enya ah akang mah kumaha ieu teh, tinggal suku abi, jadi weh
rorombeheun..gara² akang seh pangmeulikeun sendal
murahan ( bari nembongkeun sukuna )
dawala : " bae ah can opat balikan mah, hayu buru, kaburu peuting!!"

tilu manusa ieu maju lalempang deui bari saperti jalma eweuh pangacianna, kusabab can manggih dahar ti beurang keneh...

ijem : " ah embung akang, geus heula ah urang ngaso heula..."
dawala : heeuh hayu ah urang ge cape pisan...."
cepot : hayu atuh tuh diditu ( bari nunjuk ka tangkal )

kusabab cape teuing si dawala nepi ka sarena di ieu tangkal, si ijem mah teu bisa sare, malah ngarobrol wae..
cepot jeung ijem ninggali nu buburicakan di deukeut tangkal..

cepot : " naon itu jem, buricak burinong???
ijem : teuing atuh, cokot kang, boa berlian ih!!! jang mas kawin, kan
mas kawin akang ka ijem baheula masih di bayar utang......
cepot : " hehehe enya nya, nya atuh dagoan"

barang dideketan kutanteh botol nu buburicakan ka pantulan bulan..

cepot : " eehhh suganteh naon.....kehed teh ah, bakat ku lieur, eta botol teh di peupeuskeun kanu batu"
" prang"
kaluar haseup tina botol trus kaluar jin bari ngakak seuri..
si ijem langsung ngadekeutan si cepot...

jin : "huaaahahahahaahhaah, saha jalma anu ngabebaskeun kuring??

cepot : bari reuwas, gusti abdi jin!!!
jin : kaula teh geus di kurung mangrebu² taun di ieu botol, kusabab maneh geus ngabebaskeun kaula, kop naon pamenta maneh???

cepot : ah abdimah hoyong geura uih we, hoyonh geura di bumi.....
jin : huahahahah gampang etamah........"cring"

cepot langsung leungit kacaritana geus nepi imah

ijem : akang, kaknda, kenapa kau tinggalkan aku!!!!
ijem : om jin urang ge hayang ih geura nepi imah.....
jin : soal gampang, "cring"

ijem oge geus nepi kaimah jeung si cepot

jin : itu jelema hiji deui ngadon sare!!!! ah urang hudangkeun..
( bari ngadeukeutan si dawala)
heh manusa, buru geura sebutkeun pamenta maneh,
(bari najong suku dawala.....)
dawala hudang, culang-cileung, kusabab pangacianna can ngumpul, dawala ambeuk neangan cepot jeung ijem nu geus eweuh.....

dawala : "ninggali jalma nu bengeut na beureum jeung awewe
nu bengeutna nangpasedek² teu??
jin : " eweuh geus balik tadi, buru sebutkeun pamenta maneh!!!!

dawala : kehed teh ninggalkeun aing....ah urang mah hayang
JALMA DUA KADIEU DEUI WE.......
jin : masalah gampang...."cring"

wekekekekekekeke geus kitu jin na leungit trus si dawala beak di gebugan ku si cepot, jeung di gegelan ku si ijem,....

Di Rumah Sakit Jiwa

"Pa dokter,Pa dokter,rerencangan sakamar abdi beuki maceuh wae," ceuk salasaurang pasen rumah sakit jiwa ka dokter jaga.
"Beuki maceuh kumaha kitu,jang?" dokter nanya. Geus maju ka cageur tangtuna oge ieu mah, da geuningan make bisa laporan sagala, pikir eta si dokter.
"Manehna teh naek kana meja bari gogorowokan, Aing teh lampu nu nyaangan ieu kamar, kitu we teras meni gandeng"ceuk eta pasen.
"Buru-buru atuh ku ujang titah turun!" ceuk dokter.
"Har, atuh meureun engke jadi poek di kamar teh,pami manehna turun mah!"ceuk anu mawa laporan.
"Heueuh nya,bener maneh, bakalan poek atuh" tembal eta dokter.

Urut Jalema

Aya anak hayam keur macokan bubuk kueh.
"Ngadahar naon maneh teh?"ceuk indungna nanya.
"Bubuk kueh,Ma.Tadi pamanggih ti pasar,"tembal eta anak hayam.
"Montong di dahar! Piceun! Geuleuh urut jelema!" tembal indungna bari nyentak

Tukang Baso

Aya Tukang Baso keur ngumbahan wadah di rel kereta api
Dagangan na beak....
Si tukang Baso teh keur ngumbah Serbet beureum na paranti ngelapan piring.
Bakateuing ku baseuh..jd di angin2 ambeh gancang garing, bari di kelebet kelebet keun.

Ti kajauhan aya Kareta Api

*Masinis : Alah siah..itu aya naon??? jiga aya nu mere tanda bahaya...!!!!
*Asisten Masinis : muhun kang masinis,,,aya bahaya jiga namah.

Kareta Api di Rem tah...nepikeun ban kareta na ngaluarkeun seuneu....

ciiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiittttttttttttttttttttttttttttttttttttt
Alhamdulilah ka Rem euy...

*Masinis : Mang aya naon???
*Tukang BAso : Teu Aya nanaon, Kantun Bumbuna hungkul....

ajigh teh....ceuk masinis....

nu Gelo 2

Aya Nu gelo naek ka tihang listrik...
Nu gelo teh embung turun sa acan di pariksa ku dokter...

datang weh 3 dokter, ambeh bisa ngolo si nu gelo cenah turun...

Dokter kahiji naek kana tihang listrik. teu lia, turun deui bari seuseurian.
Ceuk dokter nu ka 2 : kunaon sia kalakah seuseurian??
Dokter ka 1 : ilikan weh ku sorangan, sok geura naek.

Panan naek tah si dokter ka 2 teh.
Saruana jeung Dokter ka 1, turun kalakah seuseurian lain mawa turun nu gelo.

ceuk dokter nu ka 3 : kunaon sia teh kalakah seuserian??
dokter ka 2 : mangga ilikan weh ku olangan

Panasaran tah, si dokter anu ka 3 naek..terekel..
pas nepi ka luhur si dokter nanya ka si nu gelo.

Dokter ka 3 : kunaon siah babaturan aing kalakah seuseurian???
Nu Gelo : Baca Tah....Bari nunjukeun kana tungtung tihang listrik ???
Dokter ka 3 : Tulisan Naon eta ??
Nu Gelo : "Tah ieu tungtung tiang listrik" teh koplok....

kapal laut..

Keur di Kapal Laut aya anu Labuh ka Laut
euweuh hiji2 acan anu wanieun nulungan....da ombak na gede pisan

ujug2 aya Aki Aki ngagajleng tah ka laut....
nulungan anu labuh eta....

*ceuk anu lalajo teh : Wanian eta si aki....Karareprok euy tah kabeh muji ka si Aki aki eta....

petugas Kapal ngalungkeun tambang jeung ban

pas nepi ka kapal,,,,kabeh nu naek kapal teh pada mararuji ka si Aki....

ceuk si Aki : Cicing Sia Koplok, Saha nu Nyuntrungkeun Aing....!!!

Jawara

aya dua jawara deuk di adu (garelut)
hayang meunangkeun saha nu pangjagona di kampung na.

nu hiji mawa bedog
nu hiji mawa peso belati

Jawara A : Sia, anu nangtang ka aing teh??? teu neuleu ieu aing mawa bedog..!!!
Jawara B : Sumuhun, aing nangtang ka sia, siaoge teu neuleu oge aing mawa peso belati...!!!

nu lalajo, saroakuen pisan tah...ku bakat, bakal pijadieun perang nu hebat pisan.

Jawara A : Kadieu Siah..!!! (bari ngacungkeun Bedog na)
Disampeurkeun ku Jawara B bari ngacungkeun Peso Belati.

Jawara A : Naon Eta ??
Jawara B : Peso Belati, Eta naon??
Jawara A : Bedog


Jawara B : TUKEUR TAMBAH Yuuu....!!!!!

koplok...wuahahahahha...

kabayan 3

hiji peuting....si Kabayan di kamarna, mitohana di teungah imah.
Mitoha : "Kabayan naon eta anu murag...???"
Kabayan : "baju...."
Mitoha : "naha baju teh mani disada ngageudeubug.."
Kabayan : "pan aya uingan....."

Ngusep

Hiji mangsa si Armasan babaturan si Kabayan niat nguseup di walungan.
isuk-isuk keneh si armasan geus indit.
"Indit ti ayeuna ah sugan meunang loba" batin si Armasan
teu kabeneran, nepi ka beurang can aya lauk hiji-hiji acan nu nyanggut.
Panasaran, si Armasan pindah tempat ke belah kaler.
"Sugan weh di dieumah ayaan." ceuk si Armasan penuh harap.
Ari pek teh nepi ka sore angger euweuh pisan lauk nu daek nyanggut ka
eupan si Armasan, atuh murang-maring si Armasan teh teu pararuguh.
Teu kungsi lila si Kabayan ngalewat ka tukangeun si Armasan.
"Keur naon siah Armasan..." ceuk si Kabayan teh.
"Katingalina keur naon ku sia, keur nguseup koplok!!!" ceuk si Armasan
rada keuheul.
"Haarr..naha ngambek" ceuk Kabayan na jero hate.
"Geus lila?" ceuk kabayan nanya deui.
"Ti subuh koplok" ceuk Armasan bari nyentak.
"Haarr naha beuki ngadat?" ceuk kabayan na jero hate.
"Geus meunang lauk sabaraha hiji?" ceuk kabayan teh.
"Can hiji-hiji acan koplok" ceuk armasan beuki panas.
"Oo..paingan ngambek, can beubeunangan gening.." batin kabayan teh.
"Make eupan teu Armasan?" Kabayan nanya deui.
"Nya make atuh koplok.." ceuk armasan tambah nyentak.
"Eupan na make naon?" kabayan nanya.
"Make cacing!!" ceuk armasan bari molotot.
"Paingan teu beubeunangan atuh armasan" tembal Kabayan.
"Di dieumah eupan na kudu ku siki salak Armasan" ceuk kabayan ngabejaan.
tuluy si armasan ngahuleng bari ngalieuk ka si Kabayan.
"Naha bisa kitu eupan na make siki salak Kabayan?" ceuk Armasan malik nanya.
tuluy si kabayan ngajawab.
"NYA HEUNTEU ATUH KOPLOK!!!!!!"
ceuk kabayan bari lumpat.....

wuahahahahahah....

Teu aya JUdul

Kacaritakeun di jero kelas SD, kelas 6, nu keur diajar palajaran matematika.
guru : Badrun...coba kamu jawab yah... 10 kali 10 berapah..?
Badrun : duh .....100 kitu...?
guru : yang tegas atuh jawabnyah, Odong kalau 100 kali 100...berapah..?
Odong : emh...emh...taluk bu...!
guru : ehh...kalakah taluk siah lain tatarucingan ieu mah nyaho...!
bari popolotot jeung melak cangkeng nyieun geumpeur ka kabeh murid.
100 kali 100 yaitu SEPULUH RIIIIII....
Murid : BUUUUUU......!
guru : tah...pan gampang..! Kalau 1000 kali 1000 jadi SATU JUUUU......
murid : SATUJUUUUUUU...........(bari kaleprok)

ABSTRAK

Guru : "sro,naon ari anu disebat abstrak teh ?"
Busro : "henteu kongkrit,pa guru !"
Guru : "kumaha maksadna teu kongkrit teh,do ?"
Edo : "maksadna teh,teu tiasa katinggal,teu tiasa dirampa,tapi hakekatna mah aya"
Guru : "sae,cing pasihan contona,dang !"
Adang : "Lancingan Eti,Pa guru !"
Guru : "sae-sae,dasar si jadol !"

Saliwang vs saliwang

Si Bahro urang Sukabumi anyar ka Bandung, manehna rek numpak angkot ka Margahayu. Samemeh unggah manehna tatanya heula da sieun salah, ma'lum anyar di kota gede.
Bahro : "Kang, ieu angkot ka Soreang?"
Supir Angkot : "Lain, ieu mah ka Soreang, jang"
Bahro : "oh ... sugan teh jurusan Soreang, satadina rek ka Margahayu, kang"
Supir Angkot : "Ih maneh mah meni keukeuh jang, ieu mah angkot ka Soreang ngaliwat Margahayu"
Bahro : "nya atuh, nuhun kang" (Bari ngaleos)
Atuh penumpang di jero angkot teh sareuri ....

Pa Hili jeung Pa Liron

urang jakarta milu jumaahan di hiji lembur.waktos bubar jumaahan,sendalna ical sabeulah.tuluy manehna kokotetengan bari ambek-ambekan.
Tuluy "pahili panginten,pa"saur barudak.
"sumuhun paliron rupina mah,pa"nu sejen milu ngomong.
"iyah,pasti orang jahat itu pa hili sama pa liron !"tembalna eta urang jakarta teh bari semu ambek.

Tukang sol

Kacaritakeun aya tukang sol sapatu keur ninggang di sue,sualna ti isuk tepi ka burit can aya hiji2 acan nu ngesol kamanehna,teu kungsi lila jol awewe bari lunggak-linggek,gumeulis bari ngajingjing sapatu. Teras kieu pokna "mang,kersa ngahakan sapatu abdi". "ah,lebok we ku sia" tembalna teugeug,bari teras ngaleos...

urang Jakarta vs urang Lembur

Aya urang Jakarta anu nganjang ka hiji lembur anu jauh ti kota, ningali aya anu keur neangan lauk di sawah.

Urang Jakarta: "Lagi ngapain bang?"
Urang lembur : "Biasa den, lagih ngala lauk"
urang jakarta: "Oh ya ya, boleh saya ikut bantu ?"
Urang lembur : "Boleh pisan atuh"
Urang Jakarta: "Caranya gimana?"
Urang lembur: "Ah kumaha we, yang penting mah beunang ajah lauknyah. mau di sair atow dikodok"
Urang Jakarta: " Ooh !???"
Teu lila kaciri ku Urang Jakarta aya lele nolol deukeut liang galengan.
Urang Jakarta: "Itu ada lele deket lubang"
Urang lembur : "Euleuh enya den, aya lele ngan tida' kaciri lubangnyah, kodok den!"
urang jakarta: "Bukan kodok, itu lele yang deket lubang !"
Urang lembur : "Iyah lele, tapi kodok den biar beunang, keun we lubang mah kabur juga hese newaknyah"
Urang Jakarta: " Tapi itu lele kan bukan kodok?"

vampire ngadu jajaten

Kacarioskeun aya 3 vampire sunda (ADI LANCEUK) dina malem minggu nuju ngobrol di Punclut.....

Saeunggeus ngobrol ngaler ngidul...si cikal ngajak dua adina ngadu jajaten....abong vampire kabeukina jeung kabisana nyedot getih,....

Geus satuju tah 3 vampire teh...nu cikal jol 'bleset....ngaleungit'...ditungguan teu nepi ka 30 menitan kurunyung datang bari biwirna pinuh ku getih....bari ngomong ka adina...
vampire 1: "Yi....katingali desa nu di kenca?"
vampire 2: "Muhun katingali...lampu2na kumaha Kang?"
vampire 1: "ku Aing barudak leutik nu arulin peuting beak getihna disedot"(..bari agul nembongkeun kabisa na...)
vampire 2: "Dewekeun Kang...."(Embung eleh ...bari ngabeleset...leungit......)
teu kungsi 15 menitan geus torojol datang bari biwir jeung irung pinuh ke getih...hayang agul oge nu Kadua ngomong ka lanceuk jeung ka adina
vampire 2: "Akang...Ayi...katingali desa nu belah katuhu?"
vampire 1 jeung 3: "enya dewek ningali lampu2na ...kunaon kitu?"
vampire 2: "ku aing ti mimiti budak leutik nepi ka nini2 jeung aki2 beak getih na disedot...."(ceuk nu kadua bari agul)
tinggal nu bungsu bari tungkul...tp teu lila ti eta jol...beleset....ngaleungit bari teu ngomong2....atuh lanceuk2 na heran....tp teu kungsi 5 menit geus torojol balik deui bari....beungeut pinuh ku getih ti mimiti biwir, irung nepi kana tarang...terus ngomong ka lanceuk na ....
vampire 3: "Kang katingali nu di tengah naon?"...lanceuk 2na dodongkoan bari merhatikeun naon di di tengah teh...terus nu ka hiji ngomong
vampire 1 jeung 2: "Enya eta aya tihang listrik euy...".

Teu lila adina nembalan, "HEUEUH KU DEWEK TEU KATINGALI....." ??????????"


wuahahahaha.....

kabayan 2

Si Kabayan keu sare dina bangbarung, dihudangkeun ku mitohana:
"Dasar pangedulan siah .... hudang!" mitohana nyentak
"Tengah poe ereng-erengan ngadon molor!" ceuk mitohana bari najong bobokong si kabayan
"Aduh .... ampun Abah, sanes sare abdimah nuju ngantosan wangsit" si Kabayan ngangles ngarah teu dicarekan ku mitohana.
Mitohana kalah beuki ngambek:
"Geus aya wangsitna bieu deuleu, yen maneh kudu ngala nangka anu tangkalna doyong ka balong anu di pipir imah, katingalina geus kolot geura" ceuk mitohana.
Si Kabayan bari lulungu:
"Enya Abah ari wangsit mah, ku abdi bade dilaksanakeun atuh" ceuk si Kabayan bari dadaligdeugan keneh turun tina bangbarung.
Sanggeus sajongjongan kadenge si kabayan nggorowok:
"Abah .... nu diala teh hiji atanapi dua?"
mitohana ngajawab bari ngagorowok deui, manehna oge keur ngedeng dina bangbarung urut si Kabayan:
" Hiji we, anu pang kolotna!" ceuk mitohana.
"Gujubar".............. kadenge sora aya anu muag ka balong
"Kabayan! ....... naha bet dipuragkeun ka balong?"
Si Kabayan nembalan:
"Nangka na ageung pisan, henteu kacepeng ..... janten we murag".
Ngadenge kitu mitoha si Kabayan maklumeun da nyaho si Kabayan na keur lulungu jeung manehna oge mimiti tunduh ..............................
"heueuh atuh, peuyeum di goah ngarah isuk asak" ...................
Teu lila kadenge deui aya anu ngagujubar ....
Mitohana reuwas bari hudang jeung ambek kulantaran kadenge aya anu murag deui.
Rada tarik mitohana ngagorowok:
"Kabayan! ..... apan dititahna oge ngan hiji?"
Kadenge si Kabayan nembalan "Sumuhun hiji Abah!"
Mitohana ngagorowok dei bari kerung :
"Ari bieu naon anu kadenge ngagujubar ka balong?"
Si Kabayan nembalan deui:
"Sarung murag Abah" kadenge si Kabayan nembalannana bari semu keuheul
"Naha sarung teh ngagujubarna meni tarik siga anu beurat?" cek mitohana beuki teu ngarti.
Si Kabayan kadenge deui nembalan beuki tarik:
" APAN MURAG SARENG AING NA ABAAAH !"


huahauhauahahahhahahh.....

Sarung

Si Kabayan dititah meuli sarung ka kota ku mitohana. Rengse salat subuh si Kabayan indit ka kota. Panon poe geus ampir surup tapi si Kabayan can balik keneh. Mitohana geus teu paruguh cicing. Meus-meus lieuk deui lieuk deui kana panto. Pas azan magrib si Kabayan ngurunyung.
Mitoha : Kamana wae maneh teh, Kabayan, wayah kieu karek balik?
Meunang sarung teh?
Kabayan : Nyaeta henteu..
Mitoha : Naha make jeung henteu?
Kabayan : Euweuh nu mahi, Bah.. Logor kabeh..!
Mitoha : ??????

DI ICAL

" DI ICAL"
MOBIL CITROEN TAUN 1987, BUILT UP TI EROPA. MIRAH PISAN PANGAOSNA MUNG 1 JUTA.
KAWITNA SETIR TI PALIH KENCA, PARANTOS DI ROBIH JANTEN KATUHU.
MUNG GAS SARENG KUPLING MASIH KENEH DI PALIH KENCA.
ULAH HARIWANG, TANGTOS PISAN KACIPTA KU PABALIUTNA.

SIlet

hiji mangsa wanci haneut moyan ki ardasim keur lempang ka hareupeun imah si iroh.....kabeneran di heureupeun imah si iroh teh aya tangkal jambu....

ki ardasim rada rewas pas ngaliwat handapeun tangkal jambu di luhur aya nu kekeresekan....pas di tempo...si udin anakna ceu iroh keur tataekan..

ki ardasim : "keur naon udin?"
udin : "biasa ki... keur ngala jambu!"
ki ardasim : "aduh...cik atuh tataekan teh meni teu mararatut....!"
udin : "naha ku naon kitu ki??"
ki ardasim : "eta tataekan meni teu make calana?...naha teu Boga?
udin : "hehe...(bari kulumas-kelemes) ...enya ki, udin mah kur boga calana hiji - hijina, eta ge keur diseuseuh ku si ema.."
ki ardasim : na pikirna (karunya amat ieu budak teh meni teu dipakaya ku kolotna)...tuluy ki ardasi ngaluarkeun duit tina pesak calana na..."din, kadieu turun heula maneh...."
udin : "aya naon kitu ki??"
ki ardasim : "yeuh kabeneran uing keur boga duit 20.000....jig ayeunamah geura meuli calana bejakeun ka indung maneh....ieumah kudu dibelikeun calana kitu..."
udin: "wah...nuhun ki...heg ke udin ngomong ka si ema ngarah dipangmeulikeun calana..." siudin turun tina tangkal jambu trusi ngaleos asup ka imah saenggeus nampa duit ti ki ardasim...

tepi ka imah si udin carita ka indungna yen manehna dibere duit ku ki ardasim 20.000 pedah teu make calana cenah..

isukna kabeneran ki ardasim ngaliwat deui ka hareupeun imah si iroh..
sarua harita manehna kaget ngadenge nu gurusak-gurusuk dina tangkal jambu...pas di tempo teh...si iroh keur tataekan bari teu make calana...

ki ardasim :"keur naon maneh iroh???"
iroh : "keur ngala jambu ki"
ki ardasim : "cik atuh ngala jambu teh meni teu mararatut kitu...!!!?"
iroh : "naha ku naon kitu ki...?"
ki ardasim : "eta tataekan bari teu make calana...na maneh teh teu di pakaya ku salaki...? tepi ka teu kabedag calana-calana acan?
iroh :"nyeta ki iroh ngan boga calana hiji-hijina..kabeneran keur diseuseuh.."
ki ardasim :"geus geura turun ayeunamah...era"

si iroh turun tina tangkal jambu trus nyampeurkeun ki ardasim...
kin ardasim kudak -kodok kana calanana.....bari kulumas kelemes
ki ardasim :" geus yeuh ku uing ayeunamah di bere duit..." ki ardasim bari mikeun duit tina leungena ka si iroh...
iroh : (bari rada ngahuleng) "naha ki kur 500 perak...kamari si udin mah dibere 20.000.....???"
ki ardasim : "na ari maneh...di bere teh nawar...!!!"
iroh :" mana cukup duit sakieu dipake meuli calana....???"
ki ardasim : " saha nu nitah meuli calana?....iungmah da teu nitah....eta duit lain keur meuli calana....iroh.."
iroh :"na keur naon kitu ki"
ki ardasim :"keur meuli SILET....eta meh iroh....ngarah nu maneh di cukur!!!!!...."
iroh :@#@:%^%*%(^….

Kabayan

Hiji mangsa kabayan keur jalan2 di kebon awi
pas di pengkolan sukuna rek nincak tai kotok, tapi teu jadi.
teu kungsi lila Kabayan panasaran ka tai nu tadi, tuluy balik deui.
pas geus deukeut ditingali si tai nu tadi teh
"rupanamah jiga tai." ceuk kabayan bari ngadeukeutan.
panasaran keneh tai nu tadi diambuan.
"Bauna oge jiga tai..." bari ungas ingus.
panasaran keneh si tai teh di colek saeutik.
"Jiga tai gening..." bari dicabakan si tai teh.
can leungit panasarana si tai teh diasaan ku si Kabayan bari diletak saeutik.
"Rasana oge jiga tai..." bari mikir si Kabayan teh
teu kungsi lila si Kabayan ngagorowok
"ANJIIIRRR... beneran tai, untung teu katincak..."
ceuk Kabayan bari ngaleos bungah....

Nu Gelo,....

Di hiji mangsa,mang karsam lumpat tipaparetot bari jojorowokan
maksudnamah rek nepungan ka pak RT.
pak RT : aya naon Karsam? jiga nu edan maneh teh,tengah poe ceuceuleuweungan ?
Karsam : duh...pa RT tulungan abdi pa....tuluuung....!! (bari hah heh hoh)
pak RT : heueuh aya naon siah..??
Karsam : aya nu gelo pak..!! lebet ka rorompok,sieun abdimah,sieun ngacak2 parabotan.....!! tulungan pa....!! teu wantun...!!
pak RT : naha bet sieun maneh..? awakna badag..? badag mana awakna jeung dewek...? (bari nepak dada)
Karsam : ah pa...,salirana mah alit,begang jaba pendek deuih...!
Pak RT : harrr....!! naha atuh maneh bet sieun..?? usir atuh ku maneh sorangan...!! kitu2 wae kudu ku kuring...!
Karsam : muhun pa ari salirana mah alit, mung abot na aya 200 kilo langkung, abot pisan pa..!!
Pak RT : naha bisa kitu...? asa aya ku aneh. awakna leutik tapi beurat na 200 kilo leuwih..? asa pamohalan...!
Karsam : aahh...pa...! kawas nu teu apal...! nu gelo tea hampuraeun atuh pa...!
Pak RT : ....???!!!???....jadi saha atuh nu gelo teh......!!!!?????!!!

Nanya Pasen

Dokter: "Maneh sok sabaraha kali mandi?"
Dokter: "Maneh sok sabaraha kali mandi?"
Pasien 3 : "Tilu kali pak!"
Dokter: "Hah.........iraha bae?"
Pasien 1: "Kamari, isukan, pageto,"
Dokter: "Ari ayeuna?"
Pasien 3 : "Ayeuna mah saptu atuh pa dokter...."
Dokter pingsan.

Tujuh rupa nu di pahing pisan

- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere nginum ka khotib nu keur hutbah

Jalema nu ulah dideukeutan

- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu
- Jalma nu sok sare handapeun gilinding setum
- Jalma nu sok kiih di paimaran masjid
- Jalma nu sok mandi ku cai limun

Nginum Kopi

Aya aki-aki nu nyanda pisan kana cikopi. Hiji mangsa nepungan dokter, pedah lamun keur nginum cikopi panonna nu katuhu sok nyeri wae, cenah. Dokter nyarankeun, lamun keur nginum cikopi, sendokna tunda heula!

Ngarah Jangkung

Neneng: "Lamun hayang jangkung kudu kumaha, nya?" Herlina: "Cobaan we ngurab iwung." Neneng: "Pernah eta oge nyobaan, tapi asa angger wae." Herlina: "Euh, mun kitu mah geus teu mempan sigana." Neneng: "Jadi kudu kumaha?" Herlina: "Ayeuna mah, cobaan we ngurab pager, ari iwung geus teu metu mah!" Neneng: "Maneh mah, hanas rek diamalkeun."

ASIN

Guru: "Cik, sato naon nu sok ngendog?" Toto: "Hayam." Titi: "Meri." Tata: "Asin." Guru: "Asin ...? Sato asin?" Tata: "Muhun. Geuning aya endog hayam, aya endog meri, aya oge endog asin!" Guru gogodeg bari mesem

Uprat-Apret

Di Sakola Taman Kanak Kanak, Ibu Guru keur ngawurukan murid-muridna.
"Anak-anak kalau makan di rumah jangan selalu disuapin oleh orang tua, tapi harus bisa makan sendiri, ya!"
Salah saurang murid nu rada wanteran ngacungkeun leungeun.
"Ada apa, Nak?"
"Tapi Bu, kata Mamah kalau makan sendiri teh suka uprat-apret."

Judul Sinetron

Dede: "Bejana bakal aya sinetron anyar nu ditayangkeun ku tv swasta." Didi: "Naon euy judulna?" Dede: "Ceuk beja mah judulna teh: Kisah Kasih Pemuda Idaman Diterpa Gelombang Cinta Di Lautan Asmara Yang Terindah Dan Abadi Sepanjang Masa." Didi: "Leuh, bejakeun euy ka sutradarana, hese kituh neangan tipi anu layarna bisa dipanjangan mah."

Naek Menara Kembar

Ade: "Dul, geus ulin ti mana euy?" Dul: "Ti Alun-alun, naek kana menara kembar, masjid raya." Ade: "Bejana mayar. Sabaraha?" Dul: "Dua rebu perak. Jaba kana lift turun-naekna oge." Ade: "Bisa teu sarebu?" Dul: "Bisa! Naekna kana lift, ngan turunna ngaragragkeun maneh. Bade?"

Lalaki

Ma Uti, indung beurang nu geus rada pikun ngajorowok tarik basa keur mantuan Nyi Karsih, tatanggana nu keur ngajuru.
"Ambuing, lalaki Ujang budak teh ...!" cenah. Mang Juned, salaki Nyi Karsih heraneun. Sidik orok teh karek kaluar semet beuheungna.
"Naha Nini geus apal orok teh lalaki?" nyobaan nanya.
"Sidik pisan Ujang, etah geuning kaciri ceulina teu disuwengan. Pan nu tara make suweng mah lalaki," Ma Uti yakin. Mang Juned olohok.

Nyiar Gawe

Uduy: "Loba nu nyararita, yen nyiar gawe teh hese. Bohong, eta mah pamalesan we. Yeuh kuring, da mani ranyong nu nawaran pagawean teh."
Adi: "Mun enya maneh boga gawe, meureun awak teh kaurus. Geuning mani kuru kitu!"
Uduy: "Justru matak kuru teh saking loba gawe. Sedeng ari ngurus awak mah kudu aya pakeunna pan? Ari kuring boga duit ti mana atuh?"
Adi: "Eeehhh ...!"

Maca Koran

Budak 1: "Ari Bapa maneh pagaweanana naon?"
Budak 2: "Tukang maca koran."
Budak 1: "Beunghar ari kitu mah."
Budak 2: "Beunghar naon ... Tara kabeuli beas-beas acan!"
Budak 1: "Ari pagawean maca koran mah jelema senang, lin?"
Budak 2: "Maca koran soteh puguh neangan lowongan kerja!"

Olok Kejo

Incu: "Ni, hoyong emam ..."
Nini: "Tong dahar wae atuh, matak olok kejo, sakieu keur paila teh!"
Incu: "Ari Nini ti tadi nyapek wae?"
Nini: "Hih, ieu mah lain kejo deuleu, pred-ciken ..."
Incu ngahuleng bari kumetap.

Kudu Buru-Buru

Bujang ngajak mojang ka bioskop.
"Ah sararangeuk teuing ka bioskop sareng Akang," ceuk si Mojang. "Paling ogé barang lampu bioskop pareum panangan terus baé ngopépang kawas nu palid."
"Moal atuh Eulis," walon si Bujang. "Isin atuh, apan nu nongton tukangeun urang tangtos ningalikeun," walon si Bujang.
"Urang buru-buru mios atuh yu, ambéh tiasa kénging tempat pangtukangna," ceuk si Mojang.

Teu Ngawaler
"Ku naon atuh Nyai téh, mani teu masihan béja?" cék hiji jajaka basa nepungan bébénéna di imahna. "Ieu mah, di-SMS teu ngawaler, ditélépon tara diangkat, naha Nyai téh bendu ka Akang?"
"Puguh wé ambek mah!" walon Nyi Mojang.
"Har, naha ku naon?"
"Kuring mah ti baheula gé teu kungsi boga hapé jeung nomer télépon!"
"Har?"

Sababna

Balik ti Jakarta Husén indit ka tukang ngaput. Manéhna meuli kaén wol Inggris sasetéleun di Jakarta. Tapi sabada tukang ngaput ngukur kaénna, boboléh da cenah moal cukup. Husén indit ka tukang ngaput nu séjén, tapi sabada ngukur kaénna tukang ngaput nu éta gé boboléh. "Moal cekap," cenah. Sabadana Husén indit ka 4-5 tukang ngaput séjén, tapi kabéhanana sarua nyebutkeun yén kaénna moal cukup.
Ahirna aya tukang ngaput nu cicingna di sisi kota, sanggupeun mangngaputkeun setélan anu dipikahayang ku Husén. Ngan ménta témpo dua minggu. Waktu dua minggu ti harita Husén datang deui ka dinya rék nyokot pesenanana, di pakarangan pasanggrok jeung jajaka-tanggung anu maké setélan jas nu kaénna sarua jeung anu dibeuli ku manéhna.
Manéhna nanya ka tukang ngaput, "Saha éta jajaka teh?"
"Pun anak nu katilu," jawabna.
Sanggeus narima pesenanana sarta nyoba calana jeung jasna, Husén ngarasa sugema. Waktu tukang ngaput mungkus pakéan pesenan Husén téa sabada narima ongkos ngaputna, Husén nyarita, "Ku naon ari tukang ngaput nu séjén kabéhanana arembungeun mangngaputkeun da cenah kaénna moal cukup? Geuning ieuh ayeuna mahi!"
"Bisa jadi anak maranéhanana mah geus galedé jeung lalintuh ….." walon tukang ngaput téh.

Tukang Cukur

Hiji jalma nungtun budak umur 10 taun ka tukang cukur. "Punten, cukur ieu budak, kaula rék ngopi heula di warung hareup."
Budak sina naék kana korsi, tuluy dicukur. Tapi sanggeus réngsé bapana henteu datang baé, kitu deui sabada didagoan sawatara lilana. Tukang cukur nanya ka budak nu dicukur téa, "Ka mana geuning Bapa téh tacan balik kénéh?"
"Bapa? Nu tadi?" ceuk budak téh. "Da éta mah lain bapa kuring."
"Jadi saha atuh?"

"Duka teuing. Ngan waktu kuring keur ulin di jalan manéhna nyampeurkeun bari nanya, "Manéh hayang dicukur teu mayar?" cenah."

Salah Sangka

Hiji pasién anyar nu geus sepuh datang ka kamar prakték hiji dokter, hayang dipariksa kaayaan kaséhatanana. Dokter mariksa sagala rupana kalawan taliti. Sabada réngsé mariksa, dokter nyarita, "Kaséhatan Bapa saé pisan. Jantung sareng ténsi, bayah, saé. Hasil pamariosan ginjel sareng getih, nembé réngsé saminggu deui. Nanging sacara umum mah henteu aya nu matak melang. Bapa tiasa séhat dugi ka yuswa 75 taun. Sabaraha ayeuna yuswa téh?"
"83 taun," walon pasién téh.

Banyolan Sunda

Seluruh isi/ konten dari Banyolan Sunda di ambil dari postingan beberapa anggota grup "facebook sunda" yang mungkin diambil dari berbagai sumber dan mungkin juga karya dari mereka sendiri..

Semoga anda terhibur dengan seluruh cerita ataupun komedi Banyolan sunda meskipun "rada jorang sakedik..., da saur batur ge urang sunda mah beuki heureuy jeung rada jorang"
hehehe.....

Banyolan Sunda

Minggu, Mei 24, 2009

MUI Haramkan Facebook?


Pro-kontra haramnya salah satu jejaring sosial yang bernama facebook terus bergulir dan semakin hangat untuk diperbincangkan. Sejumlah pihak ada yang berpendapat bahwa facebook merupakan salah satu pemicu hubungan negatif antara lawan jenis, sehingga mereka mendesak supaya MUI segera mengeluarkan fatwa haram terhadap facebook. Namun ada pula yang berpendapat alasan itu kurang mendasar karena masih banyak manfaat dan dampak positif dari jejaring sosial ini.

Keinginan para ulama untuk memfatwakan haram facebook pun mendapat tentangan keras, terutama para facebookers (sebutan para pemakai facebook). menurut mereka (barang kali termasuk saya sendiri) para ulama harus memberikan dan memaparkan dalil tepat dan jelas sebelum memberikan keputusan tersebut.

Menurut saya, segala sesuatu baik/ buruknya, positif/ negatifnya itu tergantung dari niat pemakainya sendiri. Maka apabila facebook digunakan sebagai tempat menggali ilmu, silaturahmi dan yang berguna bagi kemaslahatan umat itu bisa dikatakan haram?

Dan seharusnya MUI tidak memilih-milih... karena masih banyak kok jejaring sosial yang lain, seperti friendster, multiply dan sebagainya. Jadi jangan mentang-mentang lagi booming facebook diharamkan. Bisa saja meskipun facebook diharamkan, mereka pindah ke jejaring sosial lainnya.

Kalau pun dianggap sebagai tempat/ alat maksiat, maka masih banyak yang harus diharamkan, bahkan mungkin semua benda bisa jadi di haramkan. contohnya saja handphone, banyak kok orang yang selingkuh dengan memakai handphone; Mobil kalau dipakai maksiat berarti mobil haram donk?

Udah aja balik lagi ke jaman batu!!! ya nggak?

Lagi pula facebook pun sudah mempunyai filter sendiri, seperti misalnya foto yang di upload mengandung unsur vulgar maka akan di hapus oleh pihak facebook.

Lagian menurut saya yang lebih baik untuk di haramkan adalah SMS premium yang justru menyesatkan umat. Dan hal itu bahkan dapat kita saksikan di iklan-iklan TV, Ketik REG *** kirim ke 98** Nah... itulah yang harus di fatwa haram, bukannya facebook.


heheheh... tulisan di atas hanya lah uneg-uneg saya sendiri tanpa bermaksud untuk menjelek-jelekan pihak manapun....


Salam damai....!!!

Sabtu, Mei 23, 2009

Setting Komentar

untuk menyeting komentar, silahkan anda:
1. klik pengaturan,
2. klik komentar, lalu setting seperti :
  • Komentar : pilih aktifkan, supaya komentar dapat dilihat pengunjung dan pengunjung dapat memberikan komentar terhadap posting anda.
  • Siapa yang bisa berkomentar?: pilih siapa pun-termasuk pengguna anonim, hal ini dimaksudkan supaya siapa saja yang mengunjungi blog anda dapat memberi komentar walaupun tidak terdaftar sebagai pengikut blog anda.
  • Penempatan Formulir komentar: pilih salah satu,
    • Halaman penuh => maka, formulir komentar akan muncul pada satu halaman penuh.
    • Jendela munculan=> maka, formulir komentar akan muncul pada jendela baru(new window)
    • Disemat di bawah entri=>maka, formulir dimunculkan di bawah postingan kita.

    Yang saya sarankan lebih baik anda memilih pilihan yang ke 3, karena lebih simple dan mudah dan supaya ketika di klik pengunjung halaman tidak hilang/ tertimpa oleh halaman komentar.
  • Default komentar untuk entri? : pilih entri baru memiliki komentar.
  • Link balik?: pilih tampilkan, agar anda dapat melihat apabila ada yang memasang link dipost kita.
  • Default link balik untuk posting : pilih entri baru memiliki taut balik
  • Format time stamp komentar: pilih yang singkat saja.
  • Aktifkan moderasi komentar: pilih tidak(sebaiknya)
  • Tampilkan verifikasi kata untuk komentar?: pilih ya, hal ini akan mencegah software yang bertujuan melakukan spam
  • Tampilkan gambar profil dalam komentar?: pilih ya, supaya teman-teman yang memiliki id blogger dapat menampilkan fotonya.
  • Email pemberitahuan komentar: isi dengan alamat email anda, supaya setiap ada komentar yang masuk blogger.com akan memberitahukannya kepada email anda.
3. Klik simpan setelan.

Jumat, Mei 22, 2009

Setting Blog Supaya Dikenali Mesin Pencari

Nah... pada posting saya sebelumnya kita baru mempelajari tahap-tahap cara membuat blog, dan pada post kali ini saya akan memberikan cara menyeting blog kita supaya dapat dikenali dan dapat muncul mesin pencari seperti Google, Yahoo, MSN dan yang lainnya.

Pengen tau caranya? silahkan ikuti langkah-langkahnya :


1. Silahkan log in terlebih dahulu di blogger.com

2. Setelah anda masuk ke dasbor/ dashboard anda, klik judul blog yang akan disetting jika anda telah memiliki beberapa blog.

3. Klik pengaturan,

4. klik dasar, beberapa hal yang harus diisi pada menu dasar:

  • Judul: silahkan diisi dengan judul blog anda.
  • Uraian: isi dengan deskripsi/ gambaran dari blog anda.
  • Tambahkan blog anda ke blog kami? : isi ya supaya setiap posting yang kita terbitkan masuk ke daftar blogger.com
  • Biarkan mesin pencari menemukan blog anda? : isi ya, supaya blog anda muncul di mesin pencari.
  • Tampilkan editing cepat di blog anda?: isi ya
  • Tampilkan link posting e-mail?: sebaiknya anda isi ya..,
  • Konten dewasa?: isi tidak, kalau anda isi ya maka blog anda dianggap semacam blog porno.
  • Tampilkan mode compose untuk semua blog anda? isi ya
  • Aktifkan transliterasi? isi tidak, kecuali anda ingin menambah tombol pengubah bahasa ke dalam bahasa hindi, dan lainya.
  • Klik simpan pengaturan.
5. Selesai.

Kamis, Mei 21, 2009

Panduan Cara Buat Blog di blogger.com

Sebelum kita belajar memodifikasi blog, tentu kita harus mempunyai blog. Dan pada kesempatan kali ini saya akan memberikan tutorial cara bikin blog di blogger.com, yaitu sebuah fasilitas yang disediakan googleseperti halnya gmail. Ya kalau anda sudah pernah bikin e-mail, saya yakin anda tidak akan kesulitan dalam membuat blog...

Nah... gimana nih caranya? ikuti tutorial dari saya:


1. Buka http://www.blogger.com
2. Sesudah halamannya muncul, maka klik bentuk panah yang bertuliskan "ciptakan blog anda"(dalam bahasa Indonesia). Seperti gambar dibawah :

ciptakan blog sekarang juga

(gambar diambil dari http://kolom-tutorial.blogspot.com/2007/04/bikin-blog.html)




3. Setelah itu anda akan mendapatkan halaman formulir, maka isilah :
  • Alamat e-mail:masukkan email yang anda miliki pastinya bukan email dari gmail misalkan yahoo atau plasa atau yang lain yang anda miliki (bila belum maka anda sebaiknya membuat akun e-mail dahulu, semisal di yahoo, plasa , atau gmail). Namun apabila anda memiliki akun google/gmail maka anda dapat langsung ke tahap no.4

  • Ketik ulang e-mail:masukkan lagi email yang sama seperti di atas

  • Masukkan sebuah password : ketik password yang diinginkan

  • Ketik ulang : masukkan password lagi, seperti sebelumnya

  • Nama tampilan:tulis judul blog yang diinginkan
  • Verifikasi kode: tulis kode yang berwarna

  • Penerimaan persyaratan : klik pada kotak kecil tersebut untuk menyetujui persyaratan penggunaan blog

  • Klik "LANJUTKAN

4. Sesudah itu kita dibawa ke halaman pembuatan nama dari blog yang akan kita buat. Maka isilah:

  • Judul blog : isi sesuai judul yang akan dibuat.

  • Alamat blog: nama subdomain di blogspot.com yang anda inginkan, misalnya seperti saya menamainya dengan "danz09.blogspot.com"

  • Cek ketersediaan: untuk memeriksa apakah alamat subdomain yang kita inginkan sudah ada yang memakai atau belum. Apabila terdapat keterangan alamat tidak tersedia, silahkan anda mengganti alamat blog anda dengan yang lain.

  • Verifikasi kata : isi dengan kode tulisan yang berwarna hijau.

  • Klik lanjutkan
5. Maka sesudah itu kita diminta memilih template (latar) yang kita inginkan. Meski untuk pada saat ini kita hanya bisa memilih template standar yang disediakan blogger.com, namun nantinya anda dapat merubahnya dengan template lain diluar yang telah disediakan blogger.com, silahkan pilih template yang sesuai dengan keinginan anda. Bila sudah klik Lanjutkan.

6. Setelah keluar halaman yang bertuliskan : blog anda sudah diciptakan maka apabila kita klik panah "mulai blogging" maka kita sudah bisa membuat post, silahkan menulis sesuka hati, jika sudah anda dapat menyimpannya sebagai konsep, ataupun langsung menerbitkannya dengan mengklik terbitkan entri.


catatan: dengan satu akun di blogger.com, anda dapat membuat beberapa blog yang berbeda. untuk caranya sama saja anda tinggal log in ke blogger.com, lalu kita pilih "buat blog " dan silahkan ulangi tahap no. 4 dan seterusnya.


Semoga Bermanfaat!!


Followers

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz