Minggu, Mei 31, 2009

Nu Gelo,....

Di hiji mangsa,mang karsam lumpat tipaparetot bari jojorowokan
maksudnamah rek nepungan ka pak RT.
pak RT : aya naon Karsam? jiga nu edan maneh teh,tengah poe ceuceuleuweungan ?
Karsam : duh...pa RT tulungan abdi pa....tuluuung....!! (bari hah heh hoh)
pak RT : heueuh aya naon siah..??
Karsam : aya nu gelo pak..!! lebet ka rorompok,sieun abdimah,sieun ngacak2 parabotan.....!! tulungan pa....!! teu wantun...!!
pak RT : naha bet sieun maneh..? awakna badag..? badag mana awakna jeung dewek...? (bari nepak dada)
Karsam : ah pa...,salirana mah alit,begang jaba pendek deuih...!
Pak RT : harrr....!! naha atuh maneh bet sieun..?? usir atuh ku maneh sorangan...!! kitu2 wae kudu ku kuring...!
Karsam : muhun pa ari salirana mah alit, mung abot na aya 200 kilo langkung, abot pisan pa..!!
Pak RT : naha bisa kitu...? asa aya ku aneh. awakna leutik tapi beurat na 200 kilo leuwih..? asa pamohalan...!
Karsam : aahh...pa...! kawas nu teu apal...! nu gelo tea hampuraeun atuh pa...!
Pak RT : ....???!!!???....jadi saha atuh nu gelo teh......!!!!?????!!!

Comments :

0 komentar to “Nu Gelo,....”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz