Hiji pasién anyar nu geus sepuh datang ka kamar prakték hiji dokter, hayang dipariksa kaayaan kaséhatanana. Dokter mariksa sagala rupana kalawan taliti. Sabada réngsé mariksa, dokter nyarita, "Kaséhatan Bapa saé pisan. Jantung sareng ténsi, bayah, saé. Hasil pamariosan ginjel sareng getih, nembé réngsé saminggu deui. Nanging sacara umum mah henteu aya nu matak melang. Bapa tiasa séhat dugi ka yuswa 75 taun. Sabaraha ayeuna yuswa téh?"
"83 taun," walon pasién téh.
Minggu, Mei 31, 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comments :
0 komentar to “Salah Sangka”
Posting Komentar