"Dasar pangedulan siah .... hudang!" mitohana nyentak
"Tengah poe ereng-erengan ngadon molor!" ceuk mitohana bari najong bobokong si kabayan
"Aduh .... ampun Abah, sanes sare abdimah nuju ngantosan wangsit" si Kabayan ngangles ngarah teu dicarekan ku mitohana.
Mitohana kalah beuki ngambek:
"Geus aya wangsitna bieu deuleu, yen maneh kudu ngala nangka anu tangkalna doyong ka balong anu di pipir imah, katingalina geus kolot geura" ceuk mitohana.
Si Kabayan bari lulungu:
"Enya Abah ari wangsit mah, ku abdi bade dilaksanakeun atuh" ceuk si Kabayan bari dadaligdeugan keneh turun tina bangbarung.
Sanggeus sajongjongan kadenge si kabayan nggorowok:
"Abah .... nu diala teh hiji atanapi dua?"
mitohana ngajawab bari ngagorowok deui, manehna oge keur ngedeng dina bangbarung urut si Kabayan:
" Hiji we, anu pang kolotna!" ceuk mitohana.
"Gujubar".............. kadenge sora aya anu muag ka balong
"Kabayan! ....... naha bet dipuragkeun ka balong?"
Si Kabayan nembalan:
"Nangka na ageung pisan, henteu kacepeng ..... janten we murag".
Ngadenge kitu mitoha si Kabayan maklumeun da nyaho si Kabayan na keur lulungu jeung manehna oge mimiti tunduh ..............................
"heueuh atuh, peuyeum di goah ngarah isuk asak" ...................
Teu lila kadenge deui aya anu ngagujubar ....
Mitohana reuwas bari hudang jeung ambek kulantaran kadenge aya anu murag deui.
Rada tarik mitohana ngagorowok:
"Kabayan! ..... apan dititahna oge ngan hiji?"
Kadenge si Kabayan nembalan "Sumuhun hiji Abah!"
Mitohana ngagorowok dei bari kerung :
"Ari bieu naon anu kadenge ngagujubar ka balong?"
Si Kabayan nembalan deui:
"Sarung murag Abah" kadenge si Kabayan nembalannana bari semu keuheul
"Naha sarung teh ngagujubarna meni tarik siga anu beurat?" cek mitohana beuki teu ngarti.
Si Kabayan kadenge deui nembalan beuki tarik:
" APAN MURAG SARENG AING NA ABAAAH !"
huahauhauahahahhahahh.....

Comments :
0 komentar to “kabayan 2”
Posting Komentar