Minggu, Mei 31, 2009

kabayan 4

Hiji mangsa,Kabayan liwat ka sawah Ki Sasmita. Kasampak Ki Sasmita keur dahar duaan jeung pamajikanana.

"Kabayan,nyimpang heula atuh.Ieu dahar saaya-aya..."ceuk Ki Sasmita.Tidituna mah tawar gatra.

Dasar Kabayan, teu gableug kinteun2, ditawar gatra kitu koleseh kalah nyampeurkeun. Dengan wajah tanpa dosa, manehna langsung nyandak piring,ngalaan sangu, geup kana gepuk, geup lalapna coel sambeul cikurna.
Ki sasmita naggur olohok mata simeuteun.
"Ah,kabeneran euy kuring can dahar ti imah Ki sasmita,"bari am ngahuapkeun sangu jeung deungeunana. Limed pisan daharna teh bangun nu nikmat.

"Ki Sasmita,ieu teh beas naon sih,mani ku ngenah2 teuing?"tanya Kabayan bari ngalimed.

Ditanya kitu boro marahmay atuh,nu aya beunget Ki sasmita baketut. sabari camberut manehna ngawalon seolah-olah tanpa dosa oge:

"Ieuuuuu beas "DITAWARAN SAKALI DAEK..."ceuk Ki sasmita mesem sabari api-api nyandandak lalap keresmen.

Sabari jongjon ngalimed,Kabayan ge teu eleh gos.Manehna ngajawab:

"Ohhhhhhh....Sugan teh beas NAHA MAKE NAWARAN,"

Nuhun ah...

Comments :

0 komentar to “kabayan 4”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz