Minggu, Mei 31, 2009

Carita cepot dawala

Hiji mangsa carita, cepot, dawala, jeung si ijem keur neangan suluh di leuweung..... kusabab sicepot ges teu boga persediaan suluh di imahna....

pondok carita ieu tilu manusa teh geus beres ngagembol suluh rek balik......tapi geus sababara lila tilu manusa ieu teh saperti aya nu ngalinglungkeun......

cepot : " jir naha ieu teh asa tempat nu tadi.....urang geus tilu
balikan..."
ijem : " enya ah akang mah kumaha ieu teh, tinggal suku abi, jadi weh
rorombeheun..gara² akang seh pangmeulikeun sendal
murahan ( bari nembongkeun sukuna )
dawala : " bae ah can opat balikan mah, hayu buru, kaburu peuting!!"

tilu manusa ieu maju lalempang deui bari saperti jalma eweuh pangacianna, kusabab can manggih dahar ti beurang keneh...

ijem : " ah embung akang, geus heula ah urang ngaso heula..."
dawala : heeuh hayu ah urang ge cape pisan...."
cepot : hayu atuh tuh diditu ( bari nunjuk ka tangkal )

kusabab cape teuing si dawala nepi ka sarena di ieu tangkal, si ijem mah teu bisa sare, malah ngarobrol wae..
cepot jeung ijem ninggali nu buburicakan di deukeut tangkal..

cepot : " naon itu jem, buricak burinong???
ijem : teuing atuh, cokot kang, boa berlian ih!!! jang mas kawin, kan
mas kawin akang ka ijem baheula masih di bayar utang......
cepot : " hehehe enya nya, nya atuh dagoan"

barang dideketan kutanteh botol nu buburicakan ka pantulan bulan..

cepot : " eehhh suganteh naon.....kehed teh ah, bakat ku lieur, eta botol teh di peupeuskeun kanu batu"
" prang"
kaluar haseup tina botol trus kaluar jin bari ngakak seuri..
si ijem langsung ngadekeutan si cepot...

jin : "huaaahahahahaahhaah, saha jalma anu ngabebaskeun kuring??

cepot : bari reuwas, gusti abdi jin!!!
jin : kaula teh geus di kurung mangrebu² taun di ieu botol, kusabab maneh geus ngabebaskeun kaula, kop naon pamenta maneh???

cepot : ah abdimah hoyong geura uih we, hoyonh geura di bumi.....
jin : huahahahah gampang etamah........"cring"

cepot langsung leungit kacaritana geus nepi imah

ijem : akang, kaknda, kenapa kau tinggalkan aku!!!!
ijem : om jin urang ge hayang ih geura nepi imah.....
jin : soal gampang, "cring"

ijem oge geus nepi kaimah jeung si cepot

jin : itu jelema hiji deui ngadon sare!!!! ah urang hudangkeun..
( bari ngadeukeutan si dawala)
heh manusa, buru geura sebutkeun pamenta maneh,
(bari najong suku dawala.....)
dawala hudang, culang-cileung, kusabab pangacianna can ngumpul, dawala ambeuk neangan cepot jeung ijem nu geus eweuh.....

dawala : "ninggali jalma nu bengeut na beureum jeung awewe
nu bengeutna nangpasedek² teu??
jin : " eweuh geus balik tadi, buru sebutkeun pamenta maneh!!!!

dawala : kehed teh ninggalkeun aing....ah urang mah hayang
JALMA DUA KADIEU DEUI WE.......
jin : masalah gampang...."cring"

wekekekekekekeke geus kitu jin na leungit trus si dawala beak di gebugan ku si cepot, jeung di gegelan ku si ijem,....

Comments :

0 komentar to “Carita cepot dawala”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz