Minggu, Mei 31, 2009

Ngusep

Hiji mangsa si Armasan babaturan si Kabayan niat nguseup di walungan.
isuk-isuk keneh si armasan geus indit.
"Indit ti ayeuna ah sugan meunang loba" batin si Armasan
teu kabeneran, nepi ka beurang can aya lauk hiji-hiji acan nu nyanggut.
Panasaran, si Armasan pindah tempat ke belah kaler.
"Sugan weh di dieumah ayaan." ceuk si Armasan penuh harap.
Ari pek teh nepi ka sore angger euweuh pisan lauk nu daek nyanggut ka
eupan si Armasan, atuh murang-maring si Armasan teh teu pararuguh.
Teu kungsi lila si Kabayan ngalewat ka tukangeun si Armasan.
"Keur naon siah Armasan..." ceuk si Kabayan teh.
"Katingalina keur naon ku sia, keur nguseup koplok!!!" ceuk si Armasan
rada keuheul.
"Haarr..naha ngambek" ceuk Kabayan na jero hate.
"Geus lila?" ceuk kabayan nanya deui.
"Ti subuh koplok" ceuk Armasan bari nyentak.
"Haarr naha beuki ngadat?" ceuk kabayan na jero hate.
"Geus meunang lauk sabaraha hiji?" ceuk kabayan teh.
"Can hiji-hiji acan koplok" ceuk armasan beuki panas.
"Oo..paingan ngambek, can beubeunangan gening.." batin kabayan teh.
"Make eupan teu Armasan?" Kabayan nanya deui.
"Nya make atuh koplok.." ceuk armasan tambah nyentak.
"Eupan na make naon?" kabayan nanya.
"Make cacing!!" ceuk armasan bari molotot.
"Paingan teu beubeunangan atuh armasan" tembal Kabayan.
"Di dieumah eupan na kudu ku siki salak Armasan" ceuk kabayan ngabejaan.
tuluy si armasan ngahuleng bari ngalieuk ka si Kabayan.
"Naha bisa kitu eupan na make siki salak Kabayan?" ceuk Armasan malik nanya.
tuluy si kabayan ngajawab.
"NYA HEUNTEU ATUH KOPLOK!!!!!!"
ceuk kabayan bari lumpat.....

wuahahahahahah....

Comments :

0 komentar to “Ngusep”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz