Minggu, Mei 31, 2009

Kacang Hejo

Kacaritakeun hiji poe Aki Japra boga niat rek babalik pikir jeung menta hampura ka pamajikan na Nini Oneh. Dongeng na kulantarana salila hirup Ki Japra teh sering pisan salingkuh...

Japra :"Oneh kadieu geura..."
Oneh :"Aya naon Aki teh tara tisasari meni waraas kieu?"
Japra :"Nya urang teh geus kolot, bisi pondok umur, aing teh rek menta hampura..."
Oneh :"Hampura naon, na naon kasalahan Aki?...da rarasaan mah euweuh nanaon..."
Japra :"Lain..., aing teh rek ngaku jeung rek tobat, moal deui deui salingkuh...."

Ni Oneh reuwas...jeung ambek...."terus kumaha Ki?..."

Japra :"Enya aing teh unggal salingkuh sok dicirian...."
Oneh :"Dicirian ku naon ? na...geus sabaraha kali aki salingkuh teh...?"
Japra :"Eta aki teh mun sakali salingkuh sok nyoret dina tukangeun lomari...."

Kabawa ku panasaran jeung ambek...Ni Oneh terus ningali coretan si Aki

Oneh :"Oh...kitu kalakuan teh ? ieu aya 9 coretan...jadi aki teh geus 9 kali salingkuh?"
Japra :"enya hampura aing ...ayeuna mah rek bener2 hirup jeung maneh teh...moal deui deui..nyieun pidosaeun ka pamajikan."

Kacaritakeun da geus kolot, Ni Oneh jd leuleuy jeung narima hampura ti si Aki..., tp teu lila ti dinya ayeuna Ni Oneh....nu ngomong ka si Aki....

Oneh :"Japra....heueuh nya...urang teh sarua boga salah...tah ayeuna ge Nini rek menta hampura ka maneh..."
Japra :"Naha make menta hampura dan salila hirup teh....maneh mah tara salah...."
Oneh :"Sabenerna Nini ge sarua jeung aki...sabot sering ditinggalkeun....Oneh ge sok salingkuh..."
Japra :"Heuh...salingkuh...???" bari panas hate jeung reuwas.....
"Sering...maneh teh salingkuh na...?"
Oneh ;"Sarua jeung aki unggal salingkuh sok di tandaan..."
Japra :"Naon tandana...?"
Oneh :"Eta unggal salingkuh, Oneh sok neundeun kacang hejo...."
Japra :"Na dimana disimpeuna...?"
Oneh :"Tuh dina palasitik dijero lomari...."

Bari jeung ngadaregdeg si aki teu percaya pamajikan na ge sok salingkuh, bari jeung mikir....pasti lobaan uing salingkuhna...teu lila si aki mawa palastik ...barang ditingali aya 4 siki kacang hejo....(bari agul pikir si aki ngan 4 kali....loba keneh dewek atuh...).
Tapi ditingali deui..."naha aya duit 20 rebu na jero palstik ieu?...bari panasaran si aki nanya

Japra :"Ari ieu duit naon?
Oneh :"Eta teh duit bati ngajual kacang hejo....minggu kamari dijual..sakilona 5 rebu..."
Teu lila ti dinya...si aki pingsan.....

Comments :

0 komentar to “Kacang Hejo”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz