Selasa, Juni 02, 2009

3 Jawara

kacaritakeun aya 3 jawara ti paguron "meong congkok" keur laleumpang ditengah leuweung,rek turun gunung meunang tugas ti mahaguru.
di tengah jalan maranehna kapegat walungan gede, tur euweuh sasak jang meuntas.
A: Kang...kumaha? bade leleson heula atanapi teras..?
B: Ah ..urang tuluy we yi..! kumaha si Warta,kuateun keneh teu...?
A: Kumaha tah..? kuat keneh maneh Warta...? lain nyapirakeun pedah maneh handapeun urang yeuh..tapi bisi geus cape mah urang eureun heula.
Ngarasa gengsi si Warta anu kasebut "junior" embung eleh geleng.
C: Ah Kang....mangga weh urang teraskeun,abdi mah ngiringan we ti pengker....!
A: Hayu atuh......!
Jol belesat we lumpat, lumpat nincak cai dina walungan jiga nu ngeunah,jiga jelema leumpang dinu taneuh.
B: Sok atuh Warta...tuturkeun kuring...!
saruana nu ieu oge meuntas walungan teh lumpat di luhureun cai walungan.
"Haduh...!" si Warta ngagerentes dina jero hate,"elmu naon deui ieu teh,da aing mah asa teu dibere elmu leumpang di luhur cai mah".
" buru atuh euy....! kaburu burit yeuh...!"
ti peuntas walungan baturna jojorowokan.
teu mikir dua kali jol belesat si Warta lumpat anu maksud erek meuntasan walungan.
GJEBURRRRR......!!
A: sora naon eta Kang...? moal kitu...?
B: heueuh deuleu...! itu si Warta tigejebur mangkaning caina keur caah...!
A: lah.. aya-aya wae nya....!
B: ku ayi geus dibejaan lebah mana wae batuna...?
A: eh...manawi teh parantos diwartosan ku akang..!
B: beu....paingan atuh...!

Comments :

0 komentar to “3 Jawara”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz