Balik ti Jakarta Husén indit ka tukang ngaput. Manéhna meuli kaén wol Inggris sasetéleun di Jakarta. Tapi sabada tukang ngaput ngukur kaénna, boboléh da cenah moal cukup. Husén indit ka tukang ngaput nu séjén, tapi sabada ngukur kaénna tukang ngaput nu éta gé boboléh. "Moal cekap," cenah. Sabadana Husén indit ka 4-5 tukang ngaput séjén, tapi kabéhanana sarua nyebutkeun yén kaénna moal cukup.
Ahirna aya tukang ngaput nu cicingna di sisi kota, sanggupeun mangngaputkeun setélan anu dipikahayang ku Husén. Ngan ménta témpo dua minggu. Waktu dua minggu ti harita Husén datang deui ka dinya rék nyokot pesenanana, di pakarangan pasanggrok jeung jajaka-tanggung anu maké setélan jas nu kaénna sarua jeung anu dibeuli ku manéhna.
Manéhna nanya ka tukang ngaput, "Saha éta jajaka teh?"
"Pun anak nu katilu," jawabna.
Sanggeus narima pesenanana sarta nyoba calana jeung jasna, Husén ngarasa sugema. Waktu tukang ngaput mungkus pakéan pesenan Husén téa sabada narima ongkos ngaputna, Husén nyarita, "Ku naon ari tukang ngaput nu séjén kabéhanana arembungeun mangngaputkeun da cenah kaénna moal cukup? Geuning ieuh ayeuna mahi!"
"Bisa jadi anak maranéhanana mah geus galedé jeung lalintuh ….." walon tukang ngaput téh.
Minggu, Mei 31, 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comments :
0 komentar to “Sababna”
Posting Komentar