Hiji jalma nungtun budak umur 10 taun ka tukang cukur. "Punten, cukur ieu budak, kaula rék ngopi heula di warung hareup."
Budak sina naék kana korsi, tuluy dicukur. Tapi sanggeus réngsé bapana henteu datang baé, kitu deui sabada didagoan sawatara lilana. Tukang cukur nanya ka budak nu dicukur téa, "Ka mana geuning Bapa téh tacan balik kénéh?"
"Bapa? Nu tadi?" ceuk budak téh. "Da éta mah lain bapa kuring."
"Jadi saha atuh?"
"Duka teuing. Ngan waktu kuring keur ulin di jalan manéhna nyampeurkeun bari nanya, "Manéh hayang dicukur teu mayar?" cenah."
Minggu, Mei 31, 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comments :
0 komentar to “Tukang Cukur”
Posting Komentar