ki ardasim rada rewas pas ngaliwat handapeun tangkal jambu di luhur aya nu kekeresekan....pas di tempo...si udin anakna ceu iroh keur tataekan..
ki ardasim : "keur naon udin?"
udin : "biasa ki... keur ngala jambu!"
ki ardasim : "aduh...cik atuh tataekan teh meni teu mararatut....!"
udin : "naha ku naon kitu ki??"
ki ardasim : "eta tataekan meni teu make calana?...naha teu Boga?
udin : "hehe...(bari kulumas-kelemes) ...enya ki, udin mah kur boga calana hiji - hijina, eta ge keur diseuseuh ku si ema.."
ki ardasim : na pikirna (karunya amat ieu budak teh meni teu dipakaya ku kolotna)...tuluy ki ardasi ngaluarkeun duit tina pesak calana na..."din, kadieu turun heula maneh...."
udin : "aya naon kitu ki??"
ki ardasim : "yeuh kabeneran uing keur boga duit 20.000....jig ayeunamah geura meuli calana bejakeun ka indung maneh....ieumah kudu dibelikeun calana kitu..."
udin: "wah...nuhun ki...heg ke udin ngomong ka si ema ngarah dipangmeulikeun calana..." siudin turun tina tangkal jambu trusi ngaleos asup ka imah saenggeus nampa duit ti ki ardasim...
tepi ka imah si udin carita ka indungna yen manehna dibere duit ku ki ardasim 20.000 pedah teu make calana cenah..
isukna kabeneran ki ardasim ngaliwat deui ka hareupeun imah si iroh..
sarua harita manehna kaget ngadenge nu gurusak-gurusuk dina tangkal jambu...pas di tempo teh...si iroh keur tataekan bari teu make calana...
ki ardasim :"keur naon maneh iroh???"
iroh : "keur ngala jambu ki"
ki ardasim : "cik atuh ngala jambu teh meni teu mararatut kitu...!!!?"
iroh : "naha ku naon kitu ki...?"
ki ardasim : "eta tataekan bari teu make calana...na maneh teh teu di pakaya ku salaki...? tepi ka teu kabedag calana-calana acan?
iroh :"nyeta ki iroh ngan boga calana hiji-hijina..kabeneran keur diseuseuh.."
ki ardasim :"geus geura turun ayeunamah...era"
si iroh turun tina tangkal jambu trus nyampeurkeun ki ardasim...
kin ardasim kudak -kodok kana calanana.....bari kulumas kelemes
ki ardasim :" geus yeuh ku uing ayeunamah di bere duit..." ki ardasim bari mikeun duit tina leungena ka si iroh...
iroh : (bari rada ngahuleng) "naha ki kur 500 perak...kamari si udin mah dibere 20.000.....???"
ki ardasim : "na ari maneh...di bere teh nawar...!!!"
iroh :" mana cukup duit sakieu dipake meuli calana....???"
ki ardasim : " saha nu nitah meuli calana?....iungmah da teu nitah....eta duit lain keur meuli calana....iroh.."
iroh :"na keur naon kitu ki"
ki ardasim :"keur meuli SILET....eta meh iroh....ngarah nu maneh di cukur!!!!!...."
iroh :@#@:%^%*%(^….

Comments :
0 komentar to “SIlet”
Posting Komentar