Selasa, Juni 02, 2009

Aki Si Japra

Kacaritakeun aki na si Japra geus kolot jeung boga panyakit asma keur 'anfaal' di rumah sakit, ceuk dokter jigana teu lali deui hirupna. Ngadenge kaayaan nana, si Japra gancang ngemitan si aki jeung sugan we meunang warisan.

Katingali geus parna, ku dokter dipasangan oksigen jeung selang na diabuskeun kana irung si aki, ti harita rada lumayan napasna. Hiji peuting keur ngemitan, si aki rada hese napas....si Japra gancang ngageroan Uwa Udin nukasebut masih katalian dulur jeung dipikolot kusalarea.Wa Udin ngadeukeutan si AKi tina sisi ranjang bari nyeukeulan mastaka si aki , teu lia leungeun jeung curuk si aki utek2an, Wa Udin ngomong ka si Japra bari didengekun kabeh nu keur ngemitan, "Japra jigana bener geus waktuna aki maneh teh...." Tuh tingali curuk na utek2an jiganamah rek nulis wasiat....gancang bawa kertas jeung pulpen..., Bener ceuk si Uwa saeunggeus si Aki nulis....tuluy akina maot....kabeh ngarasa sedih...pedah si Aki teh bageur, someah, berehan....Isukna geus dikuburkeun tuluy...bada magrib tahlilan..nepi ka poe katujuh. Rengse tahilan si Japra panasaran menta si Uwa macakeun 'wasiat' si aki tea...(na hatena sugan we kabagian warisan...). Dibejaan kitu, si Uwa ingeteun, kabeneran kertas tulisan si aki aya na saku baju taqwa nu dipake tahilan jeung basa si aki maot....kabeh tegang ngadengekeun si Uwa rek maca wasiat....barang ku si Uwa dibaca dina hate....Si Uwa jol pingsan....atuh rame...nu tahlilan teh....teu lia panasaran ku si Japra dibacakeun bari tarik....tulisan na teh "GOBLOG SIAH UDIN.....MANEH..TONG NINCAK SELANG OKSIGIN AING...." ?????????

Comments :

0 komentar to “Aki Si Japra”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz