Minggu, Mei 31, 2009

jinn

Kacaritakeun di hiji kampung aya tiluan pamuda nu kaasup bengal pisan.
Nu kahiji beuki pisan kanu mabok, nu kadua resep pisan ngaheureuyan awewe, nu katilu tukang ngaroko beurat.

Hiji mangsa tiluanana jalan jalan ka leuweung da euweuh gawe di kampungna. Di tengah jalan maranehna manggih lampu jin nu jiga di pelm Aladin. Atuh meni barungah pisan eta barudak teh, tuluy ku pamuda nu ka hiji
di usapan eta lampu teh. Enya we langsung kaluar jin nu gede tur hideung kacida.

"HA..HA..HA.. hatur nuhun tuan, tos ngabebaskeun kaula" ceuk jin bari setengah ngapung.

"Balesanna sok ku kaula bakal dicumponan tilu pamenta ti araranjeun." jin mere bonus tah ka tilu pamuda eta.

"Wah ngeunah yeuh bakal dicumponan sagala pamenta urang" ceuk pamuda kahiji.

"Bener oge, urang bakal meunang nu di pikahayang yeuh." ceuk pamuda kadua.

"Heueuh bener, sok atuh maneh heula" ceuk mapuda katilu ka pamuda kahiji.

Sabab beuki pisan kanu mabok, tuluy pamuda ka hiji menta ka jin.
"Hey jin aing mah menta dibere sagala macem minuman keras nu pang hadena saalam dunya, tuluy kurung urang di jero guha sataun meh euwuh nu ngaganggu"

"Mangga!" ceuk jin bari ngibaskeun leungeunna, tuluy jol ngaleungit eta si pamuda kahiji dikurung di guha jeung sagalarupa minuman nu pangalusna.

Ayeuna pamuda kadua boga pamenta.
"Hey jin urang menta sarebu awewe nu panggeulisna saalam dunya, tuluy kurung urang di jero guha sataun, meh euwueh nu ngaganggu."

"Mangga!" ceuk jin teh, jiga nu tadi weh, langsung si pamuda kadua leungit dikurung di jero guha jeung sarebu awewe nu gareulis.

"Aahh.. aing ge embung eleh jin, aing menta sarebu macem roko nu pangalusna, tuluy...sarua aingge dikurung sataun di jero guha.

Teu lila ngalengit oge eta si pamuda nu katilu dikurung di guha jeung sarebu macem roko nu pang hadena.

Geus sataun kalewat eta guha dibuka deui ku jin teh.

Pamuda nu kahiji kaluar bari ngagaleong leumpangna da gawena unggal poe ngan ukur mabok, tuluy ngagubrag nambru teu kuateun nangtung. Teu kungsi lila maot da liverna ancur ku alkohol. Si jin seuri.

Pamuda nu kadua kaluar leuleus rada egang leumpangna da gawena unggal poe ngan ukur "taeun" jeung sarebu awewe. Teu kungsi lila maot d keuna panyakit HIV-AIDS. Si jin seuri deui.

Pamuda nu katilu kaluar jagjag waringkas, si jin heran. Teu kungsi lila tuluy lumpat nyampeurkeun si jin tuluy neunggeul sateker kebek. Atuh tambah heran si jin teh, tuluy nanya.

"Naha maneh beut neunggeul dewek???"

"Jin goblok!!!" ceuk pamuda katilu bari nyentak.

"ARI KOREK API NA MANAAAAA????"

Comments :

0 komentar to “jinn”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz