Selasa, Juni 02, 2009

Hitut katut Hikmahna (Bag I)

Kocap kacarita dina hiji hajat kawinan,
hiji jajaka nu kacida guling gasahanana,
kumargi dina danget eta,
anu jadi panganten lalaki anjeuna nyatana,

tos ilahar ayana,
di mana prung kana acara
malah kacida honcewang janten na,
margi maksad anu palay dugi kasampurna,
dina eta acara pernikahan nana,

Dina wanci anu parantos tangtu
Walimahan anu pardhlu
Sadaya hadirin pada khusu'
teu kakantun eta si Jalu
teu puguh rarasaan bangun hanjelu..

di rafalan katut pepeling
sadayana..jararempling..pling..pling..

Duuuttt...!!!..si Jalu satengah teu eling
ngadon hitut nalika pada jempling
wirang bakaning ku saking
Lumpat kaluar ti babaranting
Teu neuleu eta jungkrang eta lamping
jauh tina wiwirang leuwih penting

Si Jalu pondok pikiran
Ngalagragkeun karep kana jungkrang
ti batan hirup nanggung wiwirang
mening modar beak ka melang

Di akherat culang cileung
Alam naon ieu meuni karareueung
boa-boa aduh ieung..

"Kunaon maneh megatkeun nyawa?",
Pun malaikat tumanya
Abdi wirang,kaat...keur di kawinkeun ngadon hitut
ti batan wirang hirup kitu,nyaaa kieu jadi na..
Hituuttt..(Ghaib Hitut anu gagah sakti mandra guna di geroan ku malaikat)
Abdi kulan...
Naha salira gaduh laku jiga kitu?..
Hapunten wae..di tahan2 ge teu kiat abdi hyng kaluar..
ti batan bitu na beuteung,..maksa we abdi luncat..nya raos ayeuna mah

tapi... (saur Malaikat) ieu korban yeuh si Jalu
Wios abdi tanggel waler,naon sakapalay anjeuna ku abdi di tedunan...(Saur Eta Ghaib Hitut)

nya kuring mah menta balikkan deui weh kawin,malah kanu leuwih geulis..bidadari..kituh,hajat nu hegar,tuluy rumah tangga bari jeung beunghar...(Ceuk si Jalu)

Mangga..(Saur ghaib Hitut),...memang teras laksana eta sagala kahayang si Jalu,pamajikan geulis,terus beunghar teu aya wates wangen na,sukses kalayan bahagia

Comments :

0 komentar to “Hitut katut Hikmahna (Bag I)”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz