Geus jadi sabiwir hiji
si Jalu sukses sanggeus di tunggul ku pati
jadi jalan anu pasti
pikeun nu sejen nangtukeun diri
Pipilueun make jalan kitu
Nu di lampah ku si Jalu
Pondok carita na mah kitu..we lah
Diwalimahan,di rafalan nalika jempling..
di usad ised bujur teu daek ngentring..
kapaksa di heujeunkeun ngarah...hh..hh..
Dduuuuttt...taah meni nyaring...
tuluy lumpat kajungkrang..lagrag..hooss we paeh...
"Nanahaon maneh aya di dieu dina lain mangsa?"saur Malaikat
"bade kumaha teu wirang,kuring keur kawin ngadon hitut..ahh..asa na teh mening kudu paeh we..,"ceuk eta si Jalma
"Hituuutt...kumaha ieu kajadian nana,"Malaikat naros ka Ghaib hitut..
Namung aneh.. ieu Ghaib Hitut katingali na teh henteu gagah pertentang sakti mandra guna sprts nu bijil ti si Jalu,..Deple,ramijud,teu puguh rupa,leumpang asruk2kan...gotheee..pisan..
"Peryogi kauninga Kat,"Saur Ghaib Hitut ka Malaikat,"Simkuring keur ngagebra,..tibra ngenah sare,di paksa di heujeunkeun kudu kaluar,..kuring tibabaranting nepi ka ramijud kieu..ku si eta kasebelan teh," bari nunjuk ka si Jalma," Ieu jalma ngakal hayang boga nasib jiga si Jalu,bujeng2 hyng nyumponan,..tue hyng babarengan,teu sudi abring2an jeung si jahanam model kitu,..sadaya2 nyanggakeun weh ka salira Kaaat,"Saur si Hitut...
"Tetela ieu jalma rek nipu ka aing,"sanggem Malaikat..geus sadiya tempat paragi nu kitu patut mah didieu,.."
"Ampuuun,ampuuuun..kuring tobaat, naha asa kieu2 teuing dongeng teh..tulung2...!!!...ceuk eta nu maca...
Selasa, Juni 02, 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comments :
0 komentar to “Hitut katut Hikmahna (Bag2)”
Posting Komentar