Minggu, Mei 31, 2009

Kudu Buru-Buru

Bujang ngajak mojang ka bioskop.
"Ah sararangeuk teuing ka bioskop sareng Akang," ceuk si Mojang. "Paling ogé barang lampu bioskop pareum panangan terus baé ngopépang kawas nu palid."
"Moal atuh Eulis," walon si Bujang. "Isin atuh, apan nu nongton tukangeun urang tangtos ningalikeun," walon si Bujang.
"Urang buru-buru mios atuh yu, ambéh tiasa kénging tempat pangtukangna," ceuk si Mojang.

Teu Ngawaler
"Ku naon atuh Nyai téh, mani teu masihan béja?" cék hiji jajaka basa nepungan bébénéna di imahna. "Ieu mah, di-SMS teu ngawaler, ditélépon tara diangkat, naha Nyai téh bendu ka Akang?"
"Puguh wé ambek mah!" walon Nyi Mojang.
"Har, naha ku naon?"
"Kuring mah ti baheula gé teu kungsi boga hapé jeung nomer télépon!"
"Har?"

Comments :

0 komentar to “Kudu Buru-Buru”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz