Minggu, Mei 31, 2009

vampire ngadu jajaten

Kacarioskeun aya 3 vampire sunda (ADI LANCEUK) dina malem minggu nuju ngobrol di Punclut.....

Saeunggeus ngobrol ngaler ngidul...si cikal ngajak dua adina ngadu jajaten....abong vampire kabeukina jeung kabisana nyedot getih,....

Geus satuju tah 3 vampire teh...nu cikal jol 'bleset....ngaleungit'...ditungguan teu nepi ka 30 menitan kurunyung datang bari biwirna pinuh ku getih....bari ngomong ka adina...
vampire 1: "Yi....katingali desa nu di kenca?"
vampire 2: "Muhun katingali...lampu2na kumaha Kang?"
vampire 1: "ku Aing barudak leutik nu arulin peuting beak getihna disedot"(..bari agul nembongkeun kabisa na...)
vampire 2: "Dewekeun Kang...."(Embung eleh ...bari ngabeleset...leungit......)
teu kungsi 15 menitan geus torojol datang bari biwir jeung irung pinuh ke getih...hayang agul oge nu Kadua ngomong ka lanceuk jeung ka adina
vampire 2: "Akang...Ayi...katingali desa nu belah katuhu?"
vampire 1 jeung 3: "enya dewek ningali lampu2na ...kunaon kitu?"
vampire 2: "ku aing ti mimiti budak leutik nepi ka nini2 jeung aki2 beak getih na disedot...."(ceuk nu kadua bari agul)
tinggal nu bungsu bari tungkul...tp teu lila ti eta jol...beleset....ngaleungit bari teu ngomong2....atuh lanceuk2 na heran....tp teu kungsi 5 menit geus torojol balik deui bari....beungeut pinuh ku getih ti mimiti biwir, irung nepi kana tarang...terus ngomong ka lanceuk na ....
vampire 3: "Kang katingali nu di tengah naon?"...lanceuk 2na dodongkoan bari merhatikeun naon di di tengah teh...terus nu ka hiji ngomong
vampire 1 jeung 2: "Enya eta aya tihang listrik euy...".

Teu lila adina nembalan, "HEUEUH KU DEWEK TEU KATINGALI....." ??????????"


wuahahahaha.....

Comments :

0 komentar to “vampire ngadu jajaten”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz