Selasa, Juni 02, 2009

Tkang Celep Digantung

kacaturkeun aya haji bandar emas anu kawilang pang beungharna di hiji lembur.
hiji mangsa aya rampog aya niat maling ka imah eta haji. jalanna liwat kana para, bari keketeyepan si maling teh noong, teu ningali kana titincakanan yen kai anu di tincak teh bobo..
atuh borobot murag, maot saharita..

gujrud tah lembur, dipanggil pulisi jaksa jeung hakim.
ti pihak kulawarga maling teu narima kana kaayaan eta, malik nungtut ka si haji, kusabab euweuh anu bakal neang deui kipayah da bapana maot.
atuh si haji digeroan ku hakim....

" Wayahna ji, ente kudu digantung, da nyawa bayar ku nyawa..."

si haji ngajawab : " Kela, etamah lain salah kuring, salah tukang kai naha make masangkeun kai anu bobo..."

"Atuh lamun kitu mah panggil eta tukang kai...." ceuk pa hakim

datang tah si tukang kai teh, basa dibejakeun manehna erek di gantung tukang kai ngabantah...

"teu bisa kitu, lain salah kuring etamah... salah awewe anu ngaliwat, basa kuring arek mawa kai alus aya awewe ngaliwat make baju koneng ngaliwat, panon teu leupas ningalikeun eta awewe, jadi salah we mawa kai teh...."

" mun kitu geroan eta awewe, urang gantung..." hakim mere ptusan.

teu lila datang tah si awewe, tapi manehna ge ngabantah,
"Lain salah kuring, salah tukang celep uing menta kaen hejo dibere kaen koneng..."

atuh tukang celep dipanggil, kusabab teu bisa ngjawab eta tukang celep ahirna kudu digantung.

pas arek digantung algojo bingung da si tukang celep teh jangkung ari tali gantungan tah leuwih pendek tibatan si tukang celep. algojo ngehadap ka hakim.

"pa teu bisa..."
"Naha..???"
" tukang celepna jangkung teuing...!"
"bodo sia mah..."
"kumaha atuh pa????"
" teangan tukang celep pendek...."

kabayang ku para pamiarsa, aya tukang celep pendek keur anteng nyelep.
di gusur ku algojo....

"MILU SIAH..!!!"
" KAMANA???"
" DIGANTUNG...!!!!"
" NAON KALEPATAN ABDI????"

" PENDEEEEEEEKKKK .....!!!!!!!

geus digantung hakim nanya " Adil ??????"
" adiiiiiiillll " saur manuk

Comments :

0 komentar to “Tkang Celep Digantung”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz