Selasa, Juni 02, 2009

Udin ka Jakarta

Udin asal ti kampung Bojongkenyot...jauh pisan ti kota. Sakali waktu manehna hayang pisan indit ka Jakarta. Pasalna, cenah di Jakarta teh rame pisan, kota Metropolitan tea...sagala aya. Geus kukumpul duit bati gawe di sawah Pak Haji, si Udin datang ka Jakarta. Di Jakarta ngan leuleumpangan euweuh gawe bubuhan nyaba ka kota tea. Duit geus beak...kakara bingung kumaha balik....keur bingung...kabeneran nangtung deukeut Stadion Senayan...tuluy maca spandukyen poe harita, 2 jam deui aya pertandingan sepak bola Artis jeung Pelawak ngalawan Persija Senior karcisna garatis.. Ditilik2 jeung dibaca tina spanduk, singhoreng teh salah sawios pemain sepakbola na babaturtan sakampung, malah baehula na mah kasebut sobat ngarana Sule pelawak kahot tea. Pikir si Udin kabeneran mun bener2 eta si Sule sobatna, sakalian rek menta duit jang balik ka kampung. Bungah hate si Udin terus asup ka stadion tuluy ku panitia dituduhkeun tempat diukna nu rada jauh ti lapang. Stadion Senayan pinuh ku nu nongton.

Piriwit di sada tanda pertandingan dimulai....si Udin terus nangtung bari gogorowokan ngageroan si Sule..."Sule....Sule....yeuh...aing Udin babaturan sakampung....", Diuk terus nangtung leungeun na gugupay.., diuk deui terus nangtung deui bari teu eureun gogorowokan na....Nu nongton di jejeran luhur si Udin jadi ka ganggu..... teu lila si Udin ditanya "Pak ...ada apa? jangan ganggu saya yg lagi nonton...". Bari rada saeutik ngarti bahasa Indonesia si Udin nembal "Ituh Pak...babaturan sayah...si Sule...sobat sayah Pak...saya mau ngomong sama dianyah...". Nu nanya nembal deui ..."Bener itu temen kamu....?..nih pake Teropong saya...liat yakin kan yg bener..". Si Udin dipaksa akhirna nyoba kekeran...(teropong..)...barang dicobaan ningali tina kekeran....teu gogorowokan deui....ngomong na teh.."Sule...sule...ieu aing Udin babaturan maneh....aing hayang balik beakeun duit..." bari jeung sora na laun jeung leungeun na jiga nu rek noel tak tak si Sule ti kadeukeutan.....bari terus ditutur2 kamana si Sule lumpat.....Atuh...nu nongton nu diukna luhureun si udin jadi jongjon ningali nu meng bal......nepi ka eunggeusan....

Comments :

0 komentar to “Udin ka Jakarta”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz