Selasa, Juni 02, 2009

POHOAN

Hiji wanci Si Kabayan siap siap mawa anduk jeung panyiuk anu maksudna rek mandi di pancuran luhuren balong mitohana. Nempo Si Kabayan siap siap rek mandi, mitohana ngagentraan: " Kabayan.... kade bisi aya nutinggaleun...! Mangkukna odol tinggaleun ... kamari... anduk katingaleun...." . Si kabayan nembalan " moal abah ayeuna mah....pan di piwarang ku abah nyandak catetan...! Tos dicatet sadayana Baaaah... Pasti moal aya nu kakantun.
Pendek carita, beres mandi si Kabayan langsung ngodok catetan dina saku kamejana....terus manehna ngabsen..." panyiuk eusina sabun, odol, jeung sikat..... dicontreng ku si kabayan...Terus manehna ngabsen deui..... calana jero.... contreng .. disampaikeun kana taktak na,.. Calana pangsi... contreng..disampaikeun deui kana taktakna, Kitu deui kaos sang-sang jeung kameja dicontreng terus disampaikeun deui kana tak takna..
Si Kabayan nyarita dina jero hatena.."Ayeunamah uing moal dicarekan deui ku mitoha.. kabeh euweuh nu katingaleun.. ceuk pikirna..Bari ngaheot tuluy we Si kabayan kaluar ti pancuran...Atuh wanoja anu ngadaragoan si Kabayan mandi.. ngajarerit bari meungpeunen panona.............

Comments :

0 komentar to “POHOAN”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz