Selasa, Juni 02, 2009

PAGAWEAN LALAKI NU TEU BISA DIGAWEAN KU AWEWE

Hiji mangsa nyi iteung nu geus cape jeung keuheul ka si Kabayan nyarita :
Kang, ari akang mah ngeunah we teu di gawe. Gawena ngan saukur ngadu hayam, terus sare ngaguher. Ari sim kuring, geus mah nyeuseuh, ngistrika, ngasuh budak, sasapu, masak, macul di kebon, ngabenerkeun kenteng bocor, ngala suluh. Pokona mah kabeh pagawean lalaki mah sim kuring bisa. Cik atuh akang teh sakali-kali mantuan.
Tuluy si Kabayan nembalan, Yeuh nyi iteung aya pagawean lalaki nu teu bisa dipigawe ku anjeun.
Pagawean naon, pasti ku sim kuring bisa dipigawe
Kabayan : Kiih na botol, sok bisa teu?
Nyi iteung :............. dasar borokokok

Comments :

0 komentar to “PAGAWEAN LALAKI NU TEU BISA DIGAWEAN KU AWEWE”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz