Selasa, Juni 02, 2009

Mahasiswa UNGPAD ngadu jajatén jeung pamuda pasisian

Aya hiji mahasiswa UNGPAD urang kota, naek kareta api siGombar ti Cibatu ka Cikajang (taun breto). Kabeneran kabagéan diuk gigireun awéwé geulis, ngaréndéng jeung pamuda urang pasisian anu angkaribung ku babawaan, kayaning cau, kalapa jeung sajabana.
Awewe geulis téa keur nyusuan budakna kira2 umur 8 bulanan. Kulantaran geulis tur ngora keneh, éta mahasiswa kumétap duméh kareret (punten) pinareupna masih kénéh beuneur jeung pikabitaeun, ma'lum urang kota mah jarang anu nyusuan budak di tempat umum.
Pamuda urang pasisian téa surtieun, manéhna ngahaja diukna pindah ka gigireun mahasiswa kota bari ngaharewos "Kang .... kabita nya? "
"Enya yi, ngan hanjakal teu bisa kukumaha ngan ukur wani ngarérétan we" ceuk mahasiswa bari rét deui rét deui ka gigir bari kumétap.
"Abdi mah wani nyabak pinareupna! " ceuk si pamuda pasisian téa.
"Wah piraku ? Meureun teu dicabok mah !" mahasiswa kota kerung bangun anu teu percaya.
"Leres kang, abdi mah gaduh elmuna !" ceuk pamuda pasisian ngayakinkeun.
"Jadi panasaran aing mah, naha bener omongan ieu jelema téh ? Ku aing rek di pecak lah" mahasiswa ngagerentes dina hatena.
"Lamun ayi bisa nyabak pinareup eta awewe, ku akang dibere 10 rebu lah" ceuk si mahasiswa.
"Leres kang?, Tingali ku akang nya!" ceuk si pamuda pasisian bari pindah diukna ka gigireun anu keur nysuan tea. Mahasiswa kota masih kénéh can kapikir, kumaha carana nyabak pinareup nu geulis. Mangkaning pamuda anu nyanggupan teh urang kampung bau lisung, sedengkeun manehna oge mahasiswa anu katelah luhur ku élmu, jembar ku pangabisa, teu kapikiran carana.
Sanggeus pamuda diukna pindah ka gigireun nu geulis, teu kanyahoan ngan "Jeletot" pamuda pasisian nyiwit suku budak anu keur nyusu. Atuh puguh we budak téh ngagoak da karasa nyerieun meureun. Indungna reuwaseun bari ngupahan budakna, sorana halimpu estu matak ngageterkeun hate lalaki anu ngadengena "Deudeuh teuing, hoyong naon kasep, apan nuju enén mamah, naha teu raos nénén mamah kitu?" Mahasiswa ngadéngé si geulis ngomong kitu ngan bati kumejot, teu bisa nanaon, manehna teu wanieun ngarérét2 acan.
Ari pamuda pasisian, puguh wé asa aya jalan komo meuntas, mobok manggih gorowong. Manehna nyokot cau tina babawaanana bari diasongkeun ka nu geulis "Neng, pasihan cau geura, ngarah répéh"
Ku nu geulis, éta cau ditampa bari di pesék terus diasongkeun ka budakna "Kasep, hoyong cau? Ieu geura pamasihan ti si emang, tong nangis nya?" Budak anu dibéré cau, terus répéh da tadi oge ceurik sotéh pedah diciwit sukuna.
Teu kungsi lila ngan "Goak" deui budak teh ceurik, sihoréng diciwit deui ku pamuda pasisisan tapi teu nyahoeun indungna, atuh induna gancang nyusuan deui budakna bari teu ngarti kunaon budak teh bet ceurik deui.
"Ku naon atuh kasep, tadi dipasihan cau répeh, ayeuna nangis deui"
"Kunaon nya kang?" ceuk nu geulis ka si pamuda.
Si pamuda harita api-api mantuan bari pepeta "Neng, upami hoyong répéh mah kieu" ceuk si pamuda bari nyokot cau nu dicepeng ku nu geulis
"Upami badé dipasihan cau.... cau" bari nyabak cau "Upami bade dipasihan susu ... susu" ceuk pamuda bari nyabak susu.
Anu geulis ngahuleng teu ngartieun, bari teu sadareun yen pinareupna dicabak ku pamuda téa
"Maksadna kumaha kang?" ceuk nu geulis
"Sumuhun neng, upami bade cau .... cau, upami susu .... susu, ulah susu ... cau ... susu ... cau, janten bingungeun murangkalihna" ceuk si pamuda bari unggal nyebut cau nyabak cau, unggal nyebut susu nyabak susu.
"Oooh kitu kang ? cik urang cobian" nu geulis méré cau deui ka budakna.
Sanggeus si budak di béré cau terus manéhanana nutup pinareupna. Tétéla budak teh jempe saharita (puguh we da teu diciwit deui ku pamuda kasebelan téa)
"Leres kang jempé ayeuna mah geuning, hatur nuhun pisan akang kana bantosanana" bari imut ngagelenyu ka pamuda anu geus méré lmu ka manéhna.
"Sami-sami neng, da eta mah kawajiban unggal jalmi anu gaduh élmu, kedah diamalkeun" ceuk pamuda bari mésem.
"Enyaan euy si kasebelan téh, urang kampung bau lisung ge jalan polona mah" gerentes hate mahasiswa téa bari kusiwel ngaluarkeun duit tina sakuna 10 rebu.

Catetan:
Sapuluh rébu jaman harita bisa meuli dahareun sawaregna 10 rébueun. Piss ah !

Comments :

0 komentar to “Mahasiswa UNGPAD ngadu jajatén jeung pamuda pasisian”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz