Selasa, Juni 02, 2009

Ngadu jajaten akrobatik jeung Gajah Thailand bag 2

Japra nu geus meunang kajuaraan akrobat di Thailand taun kamari, di panggil deui pedah manehna Juara Bertahan.....

Ayeuna finalis na ti Rusia jeung India....ngadu kabisa salaku akrobatik nyinghareupan Gajah nu sarua jeung taun kamari ngan beda parentahna. Panitia nugaskeun akrobatik ti 3 nagara kudu bisa nyieun Gajah huluna : UNGGEUK2AN (tanda satuju) jeung GOGODEG (tanda teu satuju).

Nu kahiji digeroan ti Rusia....cenah mah ti Rusia teh tempat na nu jarago sirkus kaasup ngome gajah....boro2 titah unggeuk nu aya ngabetem we eta gajah teh padahal waktu geus lewat...(lewih ti sa jam), hasil na nu ti Rusia gugur....

Nu kadua ti India....bari ngajago jeung sompral, ti India ngarasa gajah2 di nagarana babari pisan di parentah....kakara 15 menit gajah malah jadi ngamuk ....tungtungna ku Panitia di gugurkeun oge....

Waktu si Japra digeroan titah abus ka arena, kabeh nu nongton surak jeung hayang nyaho juara bertahan teh ayeuna bisa ngelehkeun gajah ????? loba oge nu panasaran si Japra mawa tas keresek deui?....teu lila jol si Japra abus ka arena bari dikeprokan ku kabeh penonton......

Waktu abus ka arena manehna teu mawa nanaon alias lengoh....bari leungeun na gugupay ka kabeh penonton...Kabeh panasaran hayang nyaho nu rek dilakukeun ku si Japra.....(ceuk si Japra teh dina hatena "Aing tea...")

Japra ngadeukeutan Gajah (nu kabeneran gajahna sarua jeung nu taun kamari...). terus beuki deukeut kana beungeut gajahna jeung dipelong...(mata si Japra jeung gajah amprok nepi ka pa pelong-pelong). Teu lia si Japra ngaharewos kana ceuli Gajah : "Heh....silaing apal keneh ka dewek..????"...Gajah ngahuleng...bari inget kajadian keur 'barang' na di bata ku jelema ieu....ahirna Gajah UNGGEUK2AN ka si Japra (maksudna mah apal keneh cenah...). Nu nongton geur sarurak ...ribut....nyaksian kahebatan si Japra....bisa marentah Gajah (ku orang Rusia jeung India mah teu bisaeun...), teu lila tugas nu kadua manehna ngaharewos deui kana ceuli gajah bari ngomong : "...Heueuh alus ari apal keneh mah....na silaing hayang di bata deui 'barang' na ku aing?".....hulu gajah katingali GOGODEG sababaraha kali maksudna mere tanda embung 'barang' na di bata da kacipta nyeuri na.....geur sorak ti nu nongton beuki tarik....akhirna si Japra ti Bojongkenyot bisa mawa balik Piala Dunia & Juara Bertahan akrobatik ngalawan Gajah.......(Si Japra agul bari ngomong ..."Aing tea...")

Comments :

0 komentar to “Ngadu jajaten akrobatik jeung Gajah Thailand bag 2”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz