Selasa, Juni 02, 2009

punten ari urang sunda mah heureuyna sok cunihin jeung rada jorang

dina hiji mangsa ceu tati moekeun popoean di pakarang tukang imah,
beres moekeun eta popoean ceu tati buru2 nyiapkeun sangu keur budakna, sabot nyieun sangu eta popoean aya nu ngajait ku tukang paok, atuh kacida reuwasna si ceu tati gegerewekan teu puguh bari ngageroan budakna menta pangmentakeun pitulung kabatur bari ambek sa ambek ambekna "tepikeun ka lenang dikurudan kieu popoean urang!!"
(si budak ngaran ujang langsung weh lumpat kaluar neang pitulung, kabeneran aya bapa2 keur ngaliwat.....................)

ujang : " tulung tulung tulung.....!!!!!!"
bapa2: " aya naon jang??????"
(saking rusuh si ujang buru2 ngajawab bari poho titik jeung poho koma)

ujang : " seuseuheunceutatilenangdikurudankutukangbelingjiganamah"
bapa2: " gustiiiiiiiiii, aya ku koplok pisan tah tukang beling kacida pisan."
ujang : " enya pa kacida, tepikeun seep nu ceu tati dijaitan!!!!"
(eta bapa2 tambah soak ngadengena)

bapa2: " allohhuakbar geus diseuseuh dikurud terus dijait?????????, mangkaning panangan tukang belingmah moal aya nu steril

bapa2: "keun jang antos weh di bumi upahan ceu tati karunya!! bapa bade nelepon ambulan urang bawa weh ceu tatina ka rumah sakit bisi inpeksi paur!!!

(si ujang langsung ngahuleung?????????????? saha nu geuring ceunah?????)

Comments :

0 komentar to “punten ari urang sunda mah heureuyna sok cunihin jeung rada jorang”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz