Selasa, Juni 02, 2009

Korong Garing

Sakali waktu si Udin naek kareta api ti Cicalengka ka Padalarang. Kakara gek diuk...terus aya jelama gagah diuk dina korsi hareupeun si Udin. Dedegan gagah jeung ajeg pisan...si Udin heran eta jelema teu oyag2 padahal kareta api teh...oyag pisan...Panasaran ku si Udin ditanya : Akang damel dimana? nu ditanya ngajawab : Saya TNI dari Angkatan Darat....", teu lia si TNI AD teh turun di Gedebage....barang manehna turun kabeneran aya nu naek jeung diukna pas dina korsi nu ditinggalkeun ke TNI AD. Awakna ge gagah ngan ...diuk na teu ajeg...oyag2an wae ka kenca jeung katuhu....., si Udin panasaran deui...terus nanya : "Akang damel dimana...?" nu ditanya ngajawab : "Saya dari TNI Angkatan Laut.." pikir si Udin oh...pantesan oyag2an da tuman di laut....teu lila TNI AL teh turun di Cimahi....sarua jeung di Gedebage, barang jelema nu ti Angkatan Laut turun, aya penumpang anyar asup jeung diukna pas...di hareupeun si Udin deui...awak na ge gagah ngan katingali ti barang gek diuk leungeun na ditumpangkeun dina pingping na bari 2 ramo utek2an (jempol jeung telunjuk) jiga nu muter2keun naon kitu.....si Udin mikir titatadi nu diuk dihareupeun na, kabeh gawena di TNI ....pikirna ieu ge pasti sarua gawena di TNI. Teu nanya deui, malah langsung ngobrol jeung mastikeun : "Akang damelna di TNI nya? pasti ti Angkatan Udara nya? da katawis ku abdi ramo akang nuju muter2keun panel pesawat?...nu ditanya bingung :"Abdi damel di TNI?, ....sanes ...abdi mah sipil malah teu acan gaduh damel...nuju parusing .....?"....terus si Udin nanya deui :"Ah tong ngabohong...ari eta ramo nuju muter2keun naon?.....nu ditanya ngajawab bari rada eraeun pedah kanyahoan : "...Ah heunteu .....nembe tos ngorong...tah nu dina ramo ieu mah korong garing...." ????????

Comments :

0 komentar to “Korong Garing”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz