Selasa, Juni 02, 2009

Milih Sorga atawa Naraka?

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Aya hiji jelema ngarana si Japra. Keur hirup loba pisan dosana tapi loba oge amal na.

Kacaritakeun si Japra teh maot, terus dipariksa ku Malaikat catetan na salila hirup...geus di timang2 nyatana saimbang pisan antara amal jeung dosana. Pas rek diasupkeun ka sorga atawa naraka, ku Malaikat si Japra teh dibere kaistimewaan meunang milih asup ke sorga atawa naraka. Si Japra teu percaya...tp Malaikat ngayakin keun yen manehna meunang milih, tp mun geus milih teu menang diganti deui. Puguh we atoh na si Japra teh.

Nu dipilih ka hiji abus ka sorga, ceuk si Japra teh ...alus nu pangalusna teh aya di sorga, endah nu pang endahna teh aya di sorga, caang padang sagala aya....Ngan si japra ngarasa kasepian....hening.... hawar2 sora gambus...ninggang dina waktuna geu beak, tuluy dipindah keun ka naraka...

Barang asup...nyatana di naraka teh rame pisan, jelema na leuwih loba ti sorga.. kadenge musik hingar bingar....rame sa rame2na aya di naraka, artis, politisi, koruptor jeung sajabana....loba jelema2 nu keur di dunya beken..ayeuna saromeah....dina hatena si Japra ngarasa asa leuwih betah...

Saeunggeus sorga jeung naraka di cobaan....Malaikat nanya mana nu rek dipilih.....teu puguh hate asa hayang duanana...akhirna si Japra milih di naraka (ceunah leuwih rame, leuwih heboh...). Malaikat nanya deui "Bener pilihan maneh teh Japra?"......"Muhun...." jawabna.

Teu lila tidinya...si Japra bus....diasupkeun ka naraka....barang di abuskeun teh langsung disiksa...nyeurina euweuh bandingan....dimana-mana jelema careurik jeung marenta ampun, gogorowokan nahan siksaan....nepi ka sakali waktu papanggih deui jeung Malaikat, si Japra protes...bari nanyakeun "Kunaon di naraka teh teu jiga harita basa kuring nyobaan?"....Malaikat nembalan..."Japra keur harita maneh asup nyobaan naraka teh, kabeneran poe akhir naraka keur promosi....dina program NARAKAVAGANZA.....!!!!!!!!!

(omat sakali sakali tong hayang ka naraka nya......)

Comments :

0 komentar to “Milih Sorga atawa Naraka?”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz