Selasa, Juni 02, 2009

PKL (tukang buah2an) di Jaman Karajaan Baheula

Kacaritakeun di salah sa hiji karajaan leutik di Tatar Sunda kawentar ku endah na, resik na jeung sajabana. Harita teh di pingpin ku Raja anu berseka pisan.....jalan-jalan kudu bersih tur endah...teu meunang aya nu dagang komo nu ngajualan buah2an kudu tarapti jeung disadiakeun di hiji lokasi tp jauh ti jalan utama. Tapi dasar nu dagang...(PKL)...hayang na dagang di jalan nu gede nu dipake liliwatan rahayat karajaan. Geus dicarek ku Patih Karajaan keukeuh we dagang deui dagang deui . Akhirna Raja ngaluarkeun larangan nu pikasieuneun nyaeta "Sing saha saha nu jualan buah2an dina tempat nu dilarang, hukuman nana buah nu dijual na rek diabuskeun kana imbit na..(bujur nya?).

Saminggu ti harita euweuh nu wanieun dagang deui, tapi ku butuh mah nya susah oge...asup minggu ka 2 loba deui nudaragang. Satpol PP Karajaan akhirna ngayakeun 'razia' tuluy nu katewak di bawa ka karajaan rek dihukum. Harita leuwih ti 10 nu dagang buah2an nu katewak.

Nu dihukum ka hiji TUKANG DUKUH....Algojo siap nyekeulan tukah dukuh bari ngomong.."nonggeng siah..." tuluy dukuh na dibeubeuskeun kana bujurna...atuh ngajerit maratan langit sabab ku nyeri na....

Nu kadua di hukum TUKANG RAMBUTAN...sarua jeung nu kahiji...barang diabuskeun...nga goak jeung jejeritan..teu kuat ku nyerina.....(kabeh prajurit karajaan oge teu wasa ningali hukuman nana).

Abus nu katilu TUKANG SALAK...(nu nongton geus teu kuateun ningali....salak tea kulit na aya cucukan...)...tapi nu dagang salak kalahka seuseurian...barang di titah nonggeng ku Algojo seuri na beuki tarik....Algojo heran terus nanya..."KUnaon maneh seuri..? boga ajian naon maneh teh? salak ku dewek rek diabus keun...nonggeng siah.." Teu lila tukang salak ngomong ka algojo..."Punten abdi teh seuri sanes gaduh elmu atanapi ajian...di peungkeureun abdi...kaleresan TUKANG DUREN !!!!!"....

Comments :

0 komentar to “PKL (tukang buah2an) di Jaman Karajaan Baheula”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz