Selasa, Juni 02, 2009

Pangumbahkeun samak

Kang Adun orang Tasik katelah tukang kiridit, ngumbara kamana-mana bari ngiriditkeun barang. Hiji mangsa manehna jeung rombongan urang Tasik tukang kridit nu lain rek balik kalemburna sanggeus ngumbara 6 bulan lilalana, kabayang sonona maranehna ka budak jeung ka pamajikanna.
Sa enggeus nepi ka lemburna gancang-gancang kang Adun jeung babaturanna balik kaimahna masing-masing muru budak jeung pamajikanna. Kabayang atuh 6 bulan jauh ti pamajikan, geus hayang sagabrug-gabrug wae, tos abot ka handap.
" Mah hayu...(bari ngiceupan ka pamajikanna).."
pamajikan Kang Adun surti kana kahoyong caroge.
"tapi kang loba barudak, tuh keur murak oleh-oleh"ceuk pamajikanna...
Kang Adun ngahuleng..... " ujang nyai cik pang ngumbahkeun samak di walungan, meuni kalotor kitu, yeuh buruhna.." ceuk kang adun bari nyodorkeun duit 50 rebu ka budakna.
Atuh barudakna teh atoh, bari indit mawa samak 4 lembar ka walungan.
Nu kabayang ku kang Adun barudakna pasti lila ngumbah samak, lumayan 3-4 jam mah, rek di hanca pamajikanna, kitu pikirna.
Teu lila duanana asup kakamar, teu make porpley-porpleyan, di gabrug pamajikanna, sirah geus panas, jantung dag dig dug, mata geus ririakan, geus teu kuat nahan "kabeurat"...
Tapi teu lila barudakna baralik deui, atuh duanana ruewaseun, buru2 di baju terus kaluar kamar.
"ujang nyai naha baralik deui? kan geus diburuhan kubapak" ceuk kang adun
bari hah heh hoh....
"bapak di walunganna ge pinuh" ceuk barudakna bareng
"pinuh ku naon?" ceuk kang adun
"pinuh ku barudak nu keur ngumbah samak" ceuk barudakna.

Comments :

0 komentar to “Pangumbahkeun samak”

Posting Komentar

 

Copyright © 2009 by Blog pribadi D@nz