Hiji waktu Si Kabayan ulin ka Gunung sore2... rek neang suluh
Saking enakna, poho kana waktu...
Pas rek balik, ujug2 datang hujan ngagebret bari jeung make gelap....
"Ah aing mah euy dasar keur sue..." cek si Kabayan teh...
Ngan teu puguh2 manehna jadi bingung... lantaran geus rada poek... manehna kaleungiteun jalan.... tuluy nyasab weh manehna...
Nyaba hujan, poek, tiris, gelap sing galebray...
Saking bingung si Kabayan jadi nekad...
"Kumaha engke weh, nu peunting ikhtiar heula...".
Keur mikir kitu teh, manehna jadi rewas... ningali jalan anu hideung ngaggelemeng meuni gedeee di payuneunanana...
"Naon eta nya? Anjirrrr euy jurang....., gelo siah... untung teu ti gebros..".
Akhirna si kabayan diuk weh... putus asa... hujan geus rada leutik tp masih rada girimis... ngan manehna bingung kudu kamana neang jalan....
"Ya Alloh, dari pada kuring sangsara siga kieu, paeh dina kayaan siga kieu, mendingan abi mah paeh di tewak ku maung...". Saking putus asa na si kabayan teh dugi ka nyarios siga kitu....
Teu kungsi lila... aya sora "Auuummmmmmm...!!!".
Bakating ku rewas ngadangu sora maung, si Kabayan mundur 3 lengkah tuluy lumpat ngabret bari ngagorowok...
"Tuluuuunngg aing rek di hakan ku mauuung, tuluuuung....".
Pas kebeneran manehna nimu guha, tuluy abus bari nyumput weh na jero guha... apal si maung teu ngudag ... manehna diuk ngajoprak na taneuh bari ngusap kesang....
"Ya Alloh, Ajeun mah sakitu oge meuni di asupkeun kanu hate.... "
Selasa, Juni 02, 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comments :
0 komentar to “kabayan ngala suluh”
Posting Komentar